Amarah, asalna tina kecap ambek (bahasa inggris: wrath, anger; bahasa Latin: Ira), mangrupa emosi fisik nu nyebabkeun diantarana, ngaronjat denyut jantung, tekenan getih, sarta tingkat adrenaline jeung noradlenalin.[1] Rasa ambek jadi hiji perasaan nu dominan sacara kalakuan,kognitif, atawa fisiologi lamun hiji jalma ngadamel pilihan sadar pikeun nyokot tindakan pikeung ngaeureunkeun sacara langsung ancaman ti pijak luar.[2]

Ekspresi luar tina amarah bisa kapanggih dina raut wajah, basa awak, réspon psikologi, sarta sakapeung agresi umum.[3] Manusa jeung sato lianna contona bisa ngaluarkeun sora tarik, usaha kasampak fisik leuwih badag, nembongkeun diri manéhna, atawa molotot.[4] Ambek nyaéta pola kabiasaan nu geus dirancang ngingetkeun nu ngaganggu pikeun ereun kabiasaan ngancam maranéhna. Kontak fisik langka kajadian henteu aya ekspresi kaambek paling ogé ku salah sahiji pamilon.[4]Sanajan lolobana palaku ngajelaskeun yén rasa ambek aya sabab " naon nu geus kajadian ka maranéhna." Ahli psikologi nunjukkeun yén jalma nu ngambek bisa waé nu ngalakukeun kasalahan sabab amarah nyeubabkeun kaleungitan kamampuan pangawasan diri jeung pangajen objektif.[5]

Para ahli psikologi modern neuteup amarah siga hiji emosi primer, alami jeung asak nu dialaman ku sakabéh manusa dina hiji waktu, jeung mangrupa hiji hal any ngabogaan nilai fungsional pikeun kalangsungan hirup. Amarah bisa ngeprak kamampuan psikologis pikeun tindakan korektif. Tapi amarah nu teu kakandalikeun bisa mangaruhan negatif kana kualitas hirup pribadi jeung sosial.[5][6]

Sanajan loba filsuf jeung penulis nu geus ngingetkeun amarah nu spontan jeung teu kakandali, aya kateumufakatan ngeunaan niali intrinsik tinak amarah.[7] Nungkulan kaambek geus jadi bahan tulisan ti mimiti para filsuf awal nepi ka ayeuna. Ahli psikologi modern, kontras jeung para penulis awal, ogé geus nunjukkeun dampak buruk sabab neken rasa ambek. Panunjuk amarah ogé geus digunakeun salaku hiji strategi manipulasi pikeun pangaruh sosial.[8][9]

Rujukan

édit


  1. "Definition of Anger". MedicineNet. Diakses tanggal 2019-02-16.  Archived 2014-01-23 di Wayback Machine
  2. Raymond DiGiuseppe, Raymond Chip Tafrate, Understanding Anger Disorders, Oxford University Press, 2006, pp.133-159.
  3. ^ Michael Kent, Anger, The Oxford Dictionary of Sports Science & Medicine, Oxford University Press, ISBN 0-19-262845-3
  4. a b a b Primate Ethology, 1967, Desmond Morris (Ed.). Weidenfeld & Nicolson Publishers: London, p.55
  5. a b ^ a b Raymond W. Novaco, Anger, Encyclopedia of Psychology, Oxford University Press, 2000
  6. John W. Fiero, Anger, Ethics, Revised Edition, Vol 1
  7. ^ Simon Kemp, K.T. Strongman, Anger theory and management: A historical analysis, The American Journal of Psychology, Vol. 108, No. 3. (Autumn, 1995), pp. 397-417
  8. ^ Sutton, R. I. Maintaining norms about expressed emotions: The case of bill collectors, Administrative Science Quarterly, 1991, 36:245-268
  9. ^ Hochschild, AR, The managed heart: Commercialization of human feeling, University of California Press, 1983