Virus (contona HIV jeung loba virus sato) boga amplop virus salaku bungkus luarna [1] dina hambalan daur hirup di antara sél inang. Di antara nu boga amplop éta aya ogé anu boga lapisan protéin anu katelah kapsid antara amplop jeung génomna [1] . Amplopna biasana diturunkeun tina mémbran sél inang (fosfolipid jeung protéin) anu diselapan glikoprotéin virus anu gunana pikeun nyingkahansistem imun inang. Glikoprotéin dina beungeut amplop gunana pikeun mikawanoh sarta muntang kana loka reséptor dina mémbran inang. Amplop viral lajeng ngahiji jeung mémbran inang, sahingga kapsid jeung génom virus bisa asup jeung nginpéksi inangna.

Skéma Cytomegalovirus

Sél anu kaeunteupan virus ilaharna bakal paéh atawa jadi teu walakaya sarta ngawadahan leuwih loba partikel virus. Amplop lipid lapis ganda ieu virus sénsitip kana désikasi, panas, jeung deterjén, ku kituna leuwih gampang distérilkeun batan virus tan-amplop, teu pati kuat lamun aya di luar lingkungan inang, sarta kudu patalépa langsung ti hiji inang ka inang anu séjénna. Virus amplopan leuwih bisa adaptasi sarta gancang bisa robah pikeun ngungkulan sistem imun sarta bisa ngabalukarkeun inpéksi pesistén.

Kelas virus amplopan anu ngandung patogén manusa:

Virus DNA

édit
  • Herpesviruses
  • Poxviruses
  • Hepadnaviruses
  • Asfarviridae

Virus RNA

édit
  • Flavivirus
  • Alphavirus
  • Togavirus
  • Coronavirus
  • Hepatitis D
  • Orthomyxovirus
  • Paramyxovirus
  • Rhabdovirus [2]
  • Bunyavirus
  • Filovirus

Retroviruses

édit
  • Retroviruses

Tingali ogé

édit
  • Kapsul bakteri
  • Amplop sél

Rujukan

édit
  1. a b "CHAPTER #11: VIRUSES". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2008-11-10. Diakses tanggal 2008-11-07.  Archived 2008-11-10 di Wayback Machine
  2. "The Rabies Virus". CDC. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2017-01-18. Diakses tanggal 2008-11-07. 

Tutumbu kaluar

édit