Angklung anu disarengan jeung tarian, dipaénkeun pas keur upacara nadran, ngunjung ka Gunung Jati jeung Sedekah Bumi, jeung kaulan(nazar), ayana téh di desa Bungko anu prenahna di perbatasan Cirebon jeung Indramayu (25 km ti kota Cirebon di basisir Laut Jawa)[1]. Nadran nyaéta upacara tradisional masarakat pamayang anu biasana diayakeun unggal taun.[1] Dina kasempetan éta angklung bungko miboga peran anu penting ti awal upacara ti basisir dugi ka tengah  tuluy balik deui ka basisir.[1] Angklung bungko téh aya tilu rupa anu ku sabab kolotna (anu umurna 600 taun) geus teu nadaan deui jadi geus teu kapaké, ngan diunggal pasanggiri kudu aya, tapi waditra nu séjénna miboga tilu rupa tabeuhan, hiji gong gedé, jeung hiji kendang gedé.[1] Tarian anu dipirig di antarana nyaéta tari manji, bontoloyo, ayam alas, jeung bébék ngoyor.[1] Kabéh nu ngibingna lalaki.[1] Maranéhna ngabaris lurus ngagunakeun iket tina batik, kaos oblong bodas, Keris, kaén batik, jeung Sodér.[1] Ibinganna téh luwes jeung statis matak pitenangeun, ari tabeuhanna mah sawaktu-waktu aya sora gumuruh.[1]

Rujukan

édit
  1. a b c d e f g h Rosidi, Ajip (2000). Ensiklopedia Sunda. Indonesia: Pustaka Jaya. p. 52. ISBN 9794192597.