Aprésiasi téh nyaéta kasadaran kana ajén-ajén anu nyangkaruk dina warnaning seni jeung budaya. [1]Tumuwuh tina rasa meunang kasugemaan (éstétis) jeung ngarasa meunang mangpaat (émosional jeung inteléktual).[1]Tarékah ngipuk atawa ningkatkeun aprésiasi sastra di antarana ku jalan kieu.[1]

  • Mindeng maca karya sastra, numuwuhkeun pangaresep maca, neuleuman jeung ngabeungharan pangalaman tina karya sastra.[1]
  • Latihan nganalisis, ngarucat bagian-bagian atawa unsur-unsur kalawan gemet, nyalusur atawa nengetan ajénna dina struktur carita (karya).[1]
  • Latihan nafsiran (intepretasi), ngabiasakeun nyurahan, nerangkeun, matalikeun, nyeukeutan rasa tina beubeunangan maca.[1]
  • Méré pangajén (évaluasi), nembrakkeun rasa sugemana, nilik mangpaatna patali jeung kahirupan aktual, punjulna, jsb.[1]

Rujukan

édit
  1. a b c d e f g Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. p. 19. ISBN 9786027785786.