Zaman depan di daérah Panjalu aya hiji karajaan anu diparéntah ku Prabu Boros Ngora, Sang Prabu kagungan dua putra nyaéta Radén Arya Kemuning jeung Raden Arya Kencana.[1] Kalakuan éta dua raja téh béda pisan.[1] Lanceukna, nyaéta Radén Arya Kemuning sifatna rada barangasan jeung ngedul di gawé. Sedengkeun adina nyaéta Radén Arya Kencana éstuning bageur jeung resep tatanén.[2]


Dina hiji poé aya paguneman antara Radén Arya Kemuning jeung Raden Arya Kencana, ceuk Raden Arya Kemuning “eweuh gunana rama Prabu nyieun waduk Lengkong téh, ka capé-capé kudu ngabendung. Padahal mah antep baé teu aya waduk ogé urang mah teu burung beunghar ieuh” “Ih .... ari kakang waduk Lengkong téh gedé pisan mangpaatna, rahayat Panjalu bisa nyawah kalawan teu kakurangan cai, pepelakan jadi salubur, sasaton lalintuh, lauk ogé mani ceuyah, rahayat ogé katembong barungaheun pisan “ ceuk Radén Arya Kencana.[2] “ heueuh, da adi mah patani, ari akang mah teu hayang teuing jadi patani da akang mah hayang jadi Raja, mun geus pupus Rama Prabu téh, nya meureun akang anu jadi gantina téh!” Arya Kemuning nyeréngéh semu anu agul. “ Leres ari kitu mah, tapi ...Raja ogé kudu digangbang ku rahayatna, kakang. Mun rahayatna ngedul tur pakayana gaplah, atuh bakal sangsara. Mun geus sangsara pinasti raja ogé kabawa malarat. Saha nu salah? nya Raja da bongan teu bisa mimpin rahayatna.” walon Arya Kencana. “ Meunggeus gandeng! tong sok mapatahan ari ka lanceuk teh! pamali.” ceuk Arya Kemuning muncereng keuheul. Sabaraha taun tiharita, Prabu Boros Ngora ngecapkeun kalungguhanana salaku Raja Panjalu. Anjeuna masrahkeun karajaan ka putrana anu cikal nyaéta Radén Arya Kemuning.

Ti harita anu jadi dalem Panjalu téh Raden Arya Kemuning. Ari Prabu Boros Ngora jeung Radén Arya Kencana mah arindit ka Jampang rék niiskeun diri ti saprak didaleman ku Arya Kemuning, rahayat Panjalu jadi malarat. Kusabab sakabeh hasil tatanen jeung pakaya rahayat téh dirampas ku Raden Arya Kemuning, jeung kemuning téh mindeung curak-carek, beuki lila rahat beuki sangsara baé. Kulantaran geus sagala séép, Kemuning aya maksud rék ngabedahkeun waduk Lengkong. Tapi saméméhna rék ngabéjaan heula Prabu Boros Ngora di Jampang. Nya manéhna nitah pangawalna indit ka Jampang ngabéjaan Sang Prabu tapi Sang Prabu moal tiasa ka Panjalu tapi ngirimkeun wakilna nyaéta Radén Arya Kencana. Gancang carita, Radén Arya Kencana jeung pangiringna geus nepi ka Panjalu. Barang jol, kacida ngajeunghokna ningal waduk Lengkong geus saat, korédas taya cai saeutik-eutik acan. Pudigdig baé Arya Kencana téh napsu, awakna ngagidir, panonna buringas. “ Hey, kakang ! kakang teu ngajénan ka Rama Prabu sok sanajan anjeunan teu sumping, tapi aya kaula wawakilna. Naha kakang geus wani-wani ngabedahkeun waduk Lengkong tanpa idin ti kaula” ceuk Arya Kencana. “ Kaula mola ngajenan ka andika ku sabab andika mah adi kaula, lain Rama Prabu “ ceuk Arya Kemuning. Bakat ku keuheul, Arya Kencana téh ngarontok Arya Kemuning. Antukna der baé galungan campuh pisan. Balad-baladna ogé sarua pada tarung ragot pisan untung kaburu datang utusan Prabu Boros Ngora ti Jampang.

Dicutat tina édit

 
Wikisource logo
Wikipabukon mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca
{{{link}}}
  1. a b Siti Dloyana Kusumah, Helmi Aswan, Dadang Udansyah, Rosyadi. Babad Panjalu. Jakarta1992: Direktorat Jenderal Kebudayaan. ISBN '- Check |isbn= value (bantuan). Diakses tanggal 19 Nopember 2019. 
  2. a b Siti Dloyana Kusumah, Helmi Aswan, Dadang Udansyah, Lailatul. Antologi sejarah Candi Boyolangu. Jakarta2016: GUEPEDIA. ISBN 9786026481917. Diakses tanggal 19 Nopember 2019.