Balapan Kuda
Balapan kuda nyaéta olahraga anu merlukeun kaparigelan dina tumpak kuda. Olahraga tumpak kuda kabagi jadi dua jenis, nyaéta balapan kuda sarta kaparigelan berkuda.[1] Dina balapan kuda, diperlukeun gancangna kuda dina lumpat sarta kaparigelan joki dina numpak kuda.[1] Sedengkeun kaparigelan berkuda diperlukeun kaserasian unggut antara kuda sarta joki.[1]
Kamekaran Balapan Kuda
éditDi Inggris saprak 55 SM kuda geus dipaké pikeun kaperluan peperangan ngalawan bangsa Romawi.[1] Kuda tunggang anu kahiji nyaéta jenis kuda poni.[1] Sanajan bentukna leutik, jenis ieu tahan lila pikeun ditumpakan jelema.[1] Dina kamekaranana, bangsa Asiria mangrupa bangsa kahiji anu nyieun pasukan Kavaleri.[1] Dina taun 1532 di Naples, Perancis, ngadeg akademi Nunggang kuda.[1] Saprak harita, popularitas tumpak kuda beuki nyebar di sakumna Éropa sarta saterusna mekarpadika pikeun ngajar kaparigelan berkuda.[1]
Jenis Olahraga Berkuda
éditNepi ka ayeuna aya dua jenis berkuda; balapan kuda sarta kaparigelan berkuda.[1] Balapan kuda nyaéta olahraga anu ngahijikeun kagancangan kuda sarta kaahlian joki.[1] Dina jaman Walanda, organisasi balapan kuda geus kabentuk luyu jeung kamekaran fasilitas gelanggang balapan di wewengkon-wewengkon.[1] Perkumpulan anu kaceluk dina waktu éta téh Bataviasche Buitenzorgsche Wedloo Societeit (BBWS), Minahasa Wedloop Societeit,(MWS), sarta Préanger Sociaetiet (PWS).[1] Kaparigelan tumpak kuda nyaéta olahraga anu nitik beuratkeun kaserasian gerak antara kuda sarta nu numpakna. Dina taun 1921, dijieun Federation d’Equestre Internationale (FEI), anu ngadegkeun olahraga kaparigelan berkuda.[1] Olahraga kaparigelan berkuda di Yogyakarta sarta Surakarta ngan pikeun golongan karajaan.[1] Olahraga ieu mekar pesat antara 1929-1930.[1] Kacatet perwira KNIL bangsa Indonésia, di antarana Kolonél A.J Kawilarang sarta Kaptén Trenggono, kungsi ngahontal kameunangan dina olahraga ieu.[1] Saperti cabang olahraga nu tangtudina olahraga iru ogé aya pembagian kelas.[1] Pembagian dumasar jangkungna kuda, kuda nu jangkungna leuwih ti 150 cm, kaasup kelas A. Pikeun kuda kelas B, C, D, sarta E jangkung kudana nyaéta: 145-149,9 cm, 140-144,5 cm, 135–139 cm, sarta 134, 9 cm ka handap.[2]
Rujukan
éditArtikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |