Banyakcatra
Banyakcatra (Radén Kamandaka), putra mahkota ti Karajaan Pajajaran, putra cikal Prabu Siliwangi, mangrupa salah sahiji tokoh legendaris anu kawentar dina sajarah Karajaan Pajajaran, anu perenahna di wewengkon Jawa Barat, Indonésia.
Karajaan Pajajaran, nyaéta salah sahiji karajaan Hindu panggedéna di Nusantara dina abad ka-15 nepi ka abad ka-16 Masehi. Puseur dayeuh karajaan ieu perenahna di Pakuan Pajajaran, anu ayeuna katelahna Kota Bogor. Pajajaran mangrupa puseur kabudayaan jeung perdagangan anu subur ma'mur di jaman harita.
Banyakcatra lahir di tengah-tengah kamulyaan Pajajaran, minagka putra mahkota, nu ngawaris gelar kabangsawanan jeung tanggung jawab anu gedé pikeun nuluykeun sirung Pajajaran, ngajaga tur ngabela karajaan tina sagala rupa anceman jeung gangguan.
Babad Pasirluhur
éditBabad Pasirluhur nyaéta carita rahayat tradisional (folklore) nu palaku utamana nyaéta Raden Kumandaka jeung Déwi Ciptarasa. Ieu legénda sumebar di daérah salasar Walungan Logawa-Mengaji-Serayu, Jawa Tengah. Titinggal Karajaan Pasirluhur bisa ditingali di patilasan atawa Makom Patih Carangandul, di Désa Tamansari, Kabupatén Banyumas. Di sababaraha situs titinggal lianna anu dipercaya mangrupa bukti sajarah tempat ngageugeuhna kulawarga Adipati Kandadaha atawa Arya Bangah, bapana Dewi Ciptarasa di Karajaan Pasirluhur.[1]
Dina seminarna, Dr. Dewi Eka Winoto nyorot sababaraha ajén budaya anu luhung dina "Babad Pasirluhur", nyaéta diatarana Kasatiaan jeung Kawani dina nyanghareupan rupa-rupa tantangan jeung pasualan pikeun kapentingan balaréa. Reuues kana kearifan Lokal, dina nyieun kaputusan didadasaran ku ajén-inajén nu geus diwariskeun ti karuhun. Miara jeung ngamumulé tradisi lisan salaku bagian penting tina ngawaris budaya lokal, minangka salah sahiji tarékah pikeun ngajaga akar budaya titinggal karuhun sarta ngajaga alam tempat kumelendang sangkan kajaga kasaimbangan ékologisna.[2]
Legénda Banyakcatra
éditBanyakcatra nalika rék diistrénan ngajabat jadi raja ngagantikeun bapana, Prabu Siliwangi, dibéré sababaraha sarat nyaéta salahsahijina téh kudu miboga pamajikan (permaisuri), nu teu saukur alus rupa tapi alus haténa ongkoh. Banyakcatra miang ti Pajajaran, ngaranna robah jadi Radén Kamandaka, ngumbara bari mawa maksud néangan piistrieun anu lampah jeung rupana sarimag jeung indungna.
Sabada lila ngalalana, dina hiji peuting nalika tapa meunang wangsit ti Hyang Widi sangkan nepungan pandita sakti di Gunung Tungkeban, nyaéta Ki Hajarwirangrong. Ki Hajar Wirangrong maréntah sangkan Banyakcatra ngumbara ka tebéh wétan nyaéta ka Nagri Pasirluhur. Adipati di Pasirluhur nyaéta Adipati Kandadaha miboga 25 putri anu mana 24 geus pada jatukrami, iwal nu hiji Putri Bungsu atawa Dewi Ciptarasa nu masih kénéh lanjang.
Nalika tepi di Pasirluhur Banyakcatra hatur sembah ngawanohkeun dirina Kamandaka ka Patih Reksanata rék neda kumawula. Lantaran réngkak paripolah tur rupa nu alus, ku Patih Reksanata di angkat janten putra, sangkan nuluykeun kalungguhanana minangka patih di pasirluhur.
Dina hiji waktu di Kadipatén Pasirluhur Prabu Kandadaha ngayakeun acara parakan (acara gédé néwakan lauk), pareng harita Kamandaka patepung jeung Putri Bungsu, tangtuna duanana papada mireungeuh aya rasa nu béda dina haténa. Kamahdaka diulem ku Déwi Ciptarasa ka Pancawati Kaputrén susulumputan, tapi teu weléh kanyahoan ku prajurit anu ngaronda. Ti harita Kamandaka jadi buronan, sabab geus nyacadkeun kapercayaan Adipati. Lantaran kasakténanana Kamandaka bisa kabur ngaliwatan guha terus nyalusur torowongan, nepi wéh ka salah sahiji désa di Pasirluhur, Kumandaka cicing di imah Nyi Kerti Sari.[3] Hal ieu ngabalukarkeun diayakeunana sayembara néangan Kamandaka, anu parek diiluan ku salah saurang lanceukna, nyaéta Banyakngampar nu harita keur ngabdi di Pasirluhur. Sajeroning perburuan, Kamandaka beunang nepikeun ka tatu parna ku Banyakcatra, lantaran kitu di tempatna éta kajadian diaranan Kampung Kebocoran.[1]
Kasaktén goib Kamandaka ogé jadi fokus dina carita, di mana Kamandaka bisa ngarobah wujud jadi lutung atawa anu katelah Lutung Kasarung. Bari nyumput, Kamandaka manggihan kasaktén séjén, nyaéta kamampuh pikeun ngadatangan turunanana sanajan awakna geus ancur.[1]
Référénsi
édit- ↑ a b c "Napak Tilas Babad Pasirluhur: Variasi Legenda Raden Kamandaka". kumparan (dalam id-ID). Diakses tanggal 2024-03-30.
- ↑ "Wisata Kuliner di Bangkalan (Potensi, Tantangan dan Pengembangan Wisata Kuliner)". Prosiding Seminar Nasional Budaya Madura V: Membangun Pariwisata Madura Berbasis Budaya Lokal (UTM Press). 2019-11-27. doi:10.21107/budayamadura.2019.6. http://dx.doi.org/10.21107/budayamadura.2019.6.
- ↑ nawawi, nawawi; Lasiyo, Lasiyo; Wahyono, Sugeng Bayu (2016-01-10). "RESISTENSI KOMUNITAS BONOKELING TERHADAP ISLAM PURITAN DI DESA PEKUNCEN KECAMATAN JATILAWANG KABUPATEN BANYUMAS". IBDA 14 (1): 90–113. doi:10.24090/ibda.v14i1.2016.pp90-113. ISSN 1693-6736. http://dx.doi.org/10.24090/ibda.v14i1.2016.pp90-113.