Basa Budak

Basa anu dipaké ku jeung pikeun barudak panyatur basa Sunda

Basa Budak atawa disebut ogé salaku Basa Lemes keur Budak nyaéta cabang tina basa Sunda anu dipaké ku kolot nalika nyarita jeung budakna atawa sabalikna.[1] Harti kecap "budak" dina basa Indonésia nyaéta anak,[2] anu disebut budak téh nyaléta anak jelema, rék lalaki rék awéwé, anu can balég atawa anu acan ngangkat begér. Budak basa lemesna murangkalih. Basa ieu dipaké ku budak anu keur diajar nyarita, balélol kénéh, cadél kénéh jeung can béntés ngucapkeun kecap-kecap anu paranjang dina basa Sunda.[3]

Pamakéan édit

Basa budak dipaké pikeun gunem catur antara budak jeung kolotna, contona nalika budak hayang dahar, biasana maranéhna bakal ngagunakeun kecap "emam" pikeun ngaganti kecap "dahar" tibatan kecap "neda" sakumaha anu diatur dina basa Sunda Hormat Keur Sorangan. Pamakéan basa Budak biasana dicampurkeun jeung basa Sunda Hormat anu diucapkeun maké gaya bubudakeun, contona ku cara ngaleungitkeun hurup "r" atawa diganti ku hurup "l", ngaganti hurup "s" ku hurup "c", ngaleungitkeun sababaraha hurup di awal jeung tungtung kecap, ogé ku cara ngagunakeun kecap nénéh, nyaéta kecap manis atawa deudeuh.[4]

Sawadina atawa sakuduna, jelema anu geus déwasa atawa anu geus henteu disebut budak deui ulah diajak nyarita maké basa budak atawa ulah sina nyarita maké basa Budak, tapi ayeuna sababaraha kekecapan dina basa Budak geus umum atawa geus prah dilarapkeun boh ka budak boh ka kolot di luar kontéks pamakéan basa Budak.[3]

Ciri Basa jeung Kekecapan édit

Basa Budak mibanda jumlah engang anu saeutik (biasana ngan ukur dua engang) jeung teu ngandung hurup "r" sarta asalna tina kekecapan basa sunda Hormat anu disingget atawa dipondokkan. Kekecapan dina basa Budak biasana patali jeung hal-hal anu mindeng dipanggihan atawa dilakukeun ku barudak. Ieu di handap mangrupa daptar kosakecap anu kaasup kana basa Budak tur babandinganana jeung basa Loma jeung basa Hormat, diantarana:[3][5]

Basa Budak Basa Hormat Basa Loma
emam tuang atau neda dahar
eueut atau eueu ngaleueut nginum
nyonyo ngenén nyusu
papah[lower-alpha 1] nyacat leumpang
icing linggih atau matuh, mindel cicing
uih[lower-alpha 2] mulih atau wangsul balik atau mulang
bobo atau obo kulem atau mondok saré
ibak atau iam kebak, siram mandi
papang atau pipis kahampangan kiih
é'éh kabeuratan modol atau miceun
cicis atau acis artos duit
tatih[lower-alpha 3] ngadeg nangtung
awoh netepan atau sambéang solat
sun cium cium
aduh teu damang atau udur gering
acuk[lower-alpha 4] raksukan, kaway baju
acing atau acin lancingan, sarung cagak calana
ukeun[lower-alpha 5] nyuhunkeun ménta
pupuk kurupuk kurupuk
patu sapatu sapatu
obin mobil mobil
gogog[6] anjing anjing
eméng atau empus ucing ucing
pépéng rarangan, mamas kanjut
enging teu kénging ulah
hidep[lower-alpha 6] anjeun manéh
abi abdi, sim kuring urang
si itu anjeunna, mantenna manéhna
mamah tuang ibu atau pun biang ema, biang
embi tuang ibu atau pun bibi bibi
emang tuang rama atau pun paman mamang, amang
enin tuang éyang atau pun nini nini
adé tuang rayi atau pun adi adi
entos parantos enggeus
encan teu acan acan
ugah gugah hudang
aim teu kersa atau alim, narah embung
'uhun sumuhun, muhun enya
enteu henteu, teu henteu, teu
saalit sakedik saeutik, saemét

Conto babandingan kalimah: édit

1 édit

  • Basa Loma: Manéh ulah dahar sabar nangtung.
  • Basa Hormat: Anjeun teu tinggaleun tuang sabar nangtung.
  • Basa Budak: Hidep enging emam sabar tatih.

2 édit

  • Basa Loma: Sanggeus dahar, urang langsung nginum.
  • Basa Hormat: Saparantos neda, abdi langsung ngaleueut.
  • Basa Budak: Saentos emam, abi langsung eueut.

Cutatan édit

  1. Kecap ieu geus ilahar dilarapkeun ka kolot di luar kontéks pamakéan Basa Budak
  2. Kecap ieu geus ilahar dilarapkeun ka kolot di luar kontéks pamakéan Basa Budak
  3. Kecap ieu geus ilahar dilarapkeun ka kolot di luar kontéks pamakéan Basa Budak
  4. Kecap ieu geus ilahar dilarapkeun ka kolot di luar kontéks pamakéan Basa Budak
  5. Kecap ieu geus ilahar dilarapkeun ka kolot di luar kontéks pamakéan Basa Budak
  6. Kecap hidep ngan bisa dipaké ku kolot ka budakna atawa ku jelema anu leuwih déwasa ka anu leuwih ngora, sedengkeun pikeun budak mah biasana bakal nyebut ngaran, sesebutan atawa landian pikeun nyebut kecap ganti jelema kadua tunggal.

Rujukan édit

  1. "Tatakrama Basa Sunda - Undak Usuk Basa Sunda". sunda.andyonline.net. Diakses tanggal 2 Juli 2021. 
  2. (id) Pusat Bahasa Departemen Pendidikan Republik Indonésia "Arti kata budak pada Kamus Besar Bahasa Indonésia dalam jaringan". Diakses tanggal 2021-06-02. 
  3. a b c "Basa Budak, Bubudakan, Bubudakeun?". SundaMidang. Diakses tanggal 2 Juni 2021.  Archived 2021-06-02 di Wayback Machine
  4. Coolsma, Sierk ([Tahun Asli] 1904, [Tahun Terjemahan] 1985). [Judul Asli] Socndaneesche Spraakkunst, [Judul Terjemahan] tata bahasa sunda. Jakarta: (Penerbit Asli) P"a. A.W. Sijthoff. p. 26. 
  5. Muhyidin. "Tabel Lengkap Bahasa Sunda Lemes A-Z". muhyidin.id. Diakses tanggal 2 Juni 2021. 
  6. Setiawan, Hawe. "Hadé Gogog". pikiran-rakyat.com. Diakses tanggal 2 Juni 2021. 

Tumbu kaluar édit