Bekam nyaéta téhnik ngubaran ku cara nyedot tur ngaluarkeun getih anu kacampuran ku toksin atawa oksidan dina awak.[1] Dina istilah medis disebutna Oxidant Release Theraphy atawa Oxidant Drainage Therapy, sedeng populérna détoksifikasi.[1] Ieu istilah mimitina tina basa Arab, Al-Hijamah anu hartina ngaluarkeun getih kotor.[2] Sedeng kecap bekam asalna tina basa Melayu, malah di Indonésia mah dipikawanoh ogé istilah kop atawa cantuk.[3] Métodena ngagunakeun pakakas cawan, kop, atawa tabung, prosés mimitina nyaéta ngekopan (nyiptakeun tekanan negatif, dina cawan, kop, atawa tabung).[3] Sabada éta bakal aya prosés drainase getih kotor anu dibarengan ku toksin tur ngaleungitkeun adhesi jaringan ikat.[3] Getih beresih ogé bakal ngamalir deui kana bagéan luar kulit jeung jaringan otot anu saméméhna ngalaman proses stagnasi.[3] Ngarangsang sistem syaraf perofer, nyiptakeun éfék analgetik, ngaleungitkeun pathogen angin tiis atawa angin lembab, jeung ngaluarkeun racun.[3]

Terapi bekam

Sajarah jeung Kamekaran Bekam

édit

Bekam mimiti dipikawanoh kurang lewih 4000 taun saméméh maséhi, nyaéta di Karajaan Suméria, tuluy sumebar nepi ka Nagri Babylon, Mesir  Kuno, Saba, jeung Persia.[4] Alat anu digunakeunna ogé basajan di antarana tanduk munding, tulang onta, jeung gading gajah.[4] Lian ti éta, di Mesir bekam geus aya ti jaman Fir’aun Ramses II, 1200 taun saméméh maséhi.[5] Dina ieu jaman, kahirupan masarakatna raket jeung kagiatan dagang ka antarsélér malah nepi ka antarbangsa.[4] Lalampahan anu jauh tur matak capé, ngabalukarkeun kondisi awakna teu hadé.[4] Ku kituna masarakat Mesir narékahan sangkan teu nyareri awak ku cara ngaluarkaeun getih anu dianggap mangaruhan kana kasaimbangan metabolisme awakna.[4] Harita ogé aya mangsa di mana loba jalma anu dibalédogan ku batu nepi ka bareuhna, laju sabada dikaluarkeun getihna loba anu cageur.[rujukan?]

Di Parsi, Suriah, jeung Iskandariyah,  bekam mekar babarengan jeung cara ngubaran fashid, kay, bedah, ramuan hérbal, tutuwuhan-tutuwuhan laut, akar-akaran, kembang jeung geutah.[5] Harita tabib ngagunakeun bekam pikeun ngubaran raja. Tabib-tabib nurunkeun élmuna ngan ka murid-muridna anu kapilih.[5] Di China bekam dipikawanoh dina taun 2500 saméméh maséhi nalika jaman kakawasaan Dinasti Yao.[5] Kaédah bekam ditingali dumasar titik-titik akupuntur.[5] Dina abad ka-18, urang Eropa ngagunakeun léntah minangka alat bekam.[5]

Jenis-jenis bekam

édit

Bekam dibagi jadi dua jenis nyaéta :

  • Bekam Kering : Prosés bekam kering carana nyedot bagéan luar kulit tur ngurut bagéan-bagéan di sakurilingna bari teu ngaluarkeun getih kotor.[6] Gunana pikeun ngubaran kasakit anu sipatna dadakan kayaning nyeri urat-urat tonggong alatan rheumatik atawa panyakit séjénna.[rujukan?]
  • Bekam Basah : Prosés nu dilakonan sabada prosés bekam kering, tuluy kulit ditojos ngagunakeun jarum anu geus stéril.[6] Tuluy di sakurilingna disedot ngagunakeun alat cupping jeung hand pump pikeun ngaluarkeun getih.[6] Lilana nyaéta 3 nepi ka 9 menit, gumantung kasakitna.[6]
  • Bekam Luncur : Ku cara ngakop bagéan awak nu tangtu tuluy diarahkeun ka bagéan awak nu lian.[7] Ieu téhnik bisa digunakeun keur pemanasan pasén, gunana pikeun ngalancarkeun perédaran getih tur nyéhatkeun kana kulit.[7]
  • Bekam Tarik.[rujukan?]

Titik-titik bekam

édit
 
Bekam Tradisional.
  1. Titik 1 ‘Ala Ro’si (Ummu Mughits / Indungna tina panyakit) : Ieu titik disebut ogé titik tempat lawungna saratus panyakit, nyaéta aya di tengah-tengah sirah.[8] Gunana pikeun ngubaran nyeri sirah sacara umum, migraine, vértigo, darah tinggi, sinusitis, mimisan, glaucoma, jrrd.[8]
  2. Titik 2 jeung 3 Al -Akhda’in katuhu dan kénca : Ayana dina urat beuheung, gunana pikeun ngubaran nyeri huntu, TBC, Kelenjar limfe, bareuh, radang, jrrd.[8]
  3. Titik 4 Al-Kahil ; Ayana dina beuheung tukang ruas kahijina, gunana pikeun ngubaran asma, bronchitis, batuk, pilek, nyeri sendi, jrrd.  [8]
  4. Titik 5 jeung 6 Al-Katifain katuhu jeung kénca : Ayana dina taktak, gunana pikeun ngubaran struk, ngalancarkeun perédaran getih.[8] Harita Rasulullah SAW dibekam lantaran diracun nalika perang khaibar.[8]
  5. Titik 7 jeung 8 Al-Warik ; Ayana dina cangkéng, gunana pikeun ngubaran kasakit ginjal, pancreas, jeung haid anu teu lancar.  [8]
  6. Titik 9 jeung 10 Dzohril Qodami  ; Ayana dina bitis, gunana pikeun ngubaran kasakit nu aya dina kandung kemih jeung saluran kencing, asam urat, jrrd.  [8]

Mangpaat bekam

édit
  • Mangpaat numutkeun dunya medis

Sababaraha panalungtikan anu kungsi dilakonan nyaritakeun yén trapi bekam taya patalina jeung getih kotor anu numutkeun masarakat non-medis dikaluarkeun nalika lumangsungna prosés bekam.[9] Ieu hal dilantarankeun pungsi detoksifikasi (ngaluarkeun racun) sabenerna geus dilakukeun ku organ ginjal jeung haté.[9] Hiji panalungtikan anu kungsi dilakukeun pikeun ngabuktikeun mangpaat bekam nyaéta nyobaan terapi bekam ka 60 jalma gendut sacara rutin.[9] Hasil anu kabukti nyaéta bekam bisa nurunkeun tekanan getih tur kadar kolesterol goréng di jero awak, sarta ningkatkeun kadar kolesterol hadé.[9]

  • Mangpaat numutkeun dunya non-medis

Dina segi mangpaat, masarakat non-medis boga anggepan yén bekam basah minangka hiji cara ngaluarkeun toksin dina getih.[rujukan?] Hartina ngaluarkeun getih tina jero awak.[9] Sedengkeun bekam kering mangpaatna saukur ngaluarkeun gas boh uap nu biasana pikeun ngubaran asup angin.[9]

  • Mangpaat nu lianna

Bisa ngubaran kasakit migrain, stroke, darah tinggi, vertigo, jeung nyeri huntu.[9] Sedeng pikeun jantung bisa jadi cara ngalancarkeun fungsi jantung anu mangrupa organ nu mompa getih.[9] Lian ti éta bekam bisa méré stimulus aliran perédaran getih dina handapeun kuit, nepi ka bisa ngaronjatkeun nutrisi tina kulit kana buuk.[10] Métode pengisapan luhureun permukaan kulit ogé bisa ngaronjatkeun metabolisme dina kulit.[10]

Rujukan

édit
  1. a b http://assunnah-qatar.com/phocadownload/PDF/BEKAM.pdf[tumbu nonaktif]
  2. http://elib.unikom.ac.id/files/disk1/459/jbptunikompp-gdl-esapratiwi-22934-3-unikom_e-i.pdf
  3. a b c d e "arti dan manfaat terapi pengobatan bekam | Al hijamah". www.abualbanicentre.com. Diakses tanggal 2018-02-06.  Archived 2017-08-30 di Wayback Machine
  4. a b c d e Fatahillah, Ahmad (2007). Kemapuhan Bekam : Pencegahan dan Penyembuhan Penyakit Ala Rasulullah. Jakarta: Qultum Media. ISBN 979-3762-67-5. 
  5. a b c d e f "Sejarah Bekam (Al-Hijamah) | Reiki Malaysia | Reiki Malaysia". reiki-malaysia.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2018-02-07. 
  6. a b c d easetofit.com. "2 jenis bekam dan manfaatnya" (dalam bahasa en). EasetoFit. http://www.easetofit.com/terapi/bekam/read/2016/11/25/2-jenis-bekam-dan-manfaatnya. Diakses pada 2018-02-07  Archived 2017-01-19 di Wayback Machine
  7. a b http://www.komunitiruqyahsyariyyahsingapura.com/uploads/9/1/1/3/9113333/bekam_perubatan_menurut_sunnah_nabi.pdf
  8. a b c d e f g h "Titik Bekam Sunnah dan Khasiatnya Untuk Pengobatan | Belajar Pijat Refleksi". refleksi.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2018-02-07.  Archived 2018-02-13 di Wayback Machine
  9. a b c d e f g h "Manfaat Terapi Bekam Bagi Tubuh". 
  10. a b "Mari Kita "Kenali" Apa Saja Manfaat Terapi Bekam". www.apelgreen.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2018-02-10.  Archived 2017-06-12 di Wayback Machine