Gangguan bipolar

Gangguan méntal
(dialihkeun ti Bipolar)

Gangguan bipolar nyaéta gangguan mental nu nyerang kaayaan psikis jelema nu ditandaan ku robahna kaayaan hate nu kacida ekstrim nu mangrupa depresi jeung mania. Kaayaan hate jelema nu miboga gangguan bipolar bisa ujug-ujug robah, ti dua kutub (bipolar) nu béda nyaéta kabagjaan (mania) jeung kasedihan (depresi) nu ekstrim.[1]

Gangguan Bipolar

Unggal jelema umumna kungsi ngalaman kaayaan hate nu saé (mood high) jeung kaayaan hate nu butut (mood low). Mung, jelema nu miboga gangguan bipolar téh boga ayunan perasaan (mood swings) nu ekstrim ku pola perasaan nu gampang robah kalayan drastis. Hiji waktos, aya jelema anu miboga gangguan bipolar tiasa ngarasa ceuyah pisan jeung gumbira (mania). Waktos kaayaan hatena robah janten butut, jelema éta téh tiasa depresi pisan, pesimis, putus asa, nu leuwih parah mah song kayang bunuh diri. Baheula, panyakit ieu dingaranan manic-depressive. Kaayaan hatena naek kalayan klinis éta téh dingaranan mania, lamun keu hampang dingaranan hipomania. Individu nu ngarasaan episode mania ogé sok ngarasaan episode depresi, atawa episode campuran lamun kaduana, mania jeung depresi datang babarengan. Episode ieu biasana dipisahkeun ku périodeu kaayaan hate anu normal, mung lamun di sababaraha depresi individu jeung mania ngkin gentosan dinu kurun waktu nu gancang pisan nu terkenal ku ngaran rapid-cycle. Episode manik ekstrim kadang-kadang bisa nyieun gejala psikosis jiga delusi jeung halusinasi. Episode manik ekstrim biasana sok ujug-ujug mimitna jeung tuluy jiga kitu kurun waktu dua minggu atawa lima bulan. Sedengkeun, depresi cenderung lila. Episode hipomanik boga darajat nu leuwih hampang ti batan manik. Gangguan bipolar dibagi jadi bipolar I, bipolar II, cyclothymian jeung jenis nu séjéna sesuai sifat jeung pangalaman tingkat kaparahan episode kaayaan hate; kisaran mineng digambarkeun ku spektrum bipolar.[1]

Insiden gangguan bipolar kisaran ti 0,3% - 1.5% nu persentasena kaasup rendah lamun dibandingkeun jeung persentase insiden nu dikategorikeun skizofrenia. Gangguan bipolar kiwari ngajangkit kitaran 10 nepi 12 persen mojang jajaka di luar negeri. Di sababaraha kota di Indonésia ogé geus dilaporkeun anu miboga bipolar umur mojang jajaka. Resiko maot tuluy ngabayang jelema nu miboga gangguan bipolar, jeung éta leuwih ku sabab aranjeunna nyokot jalan pintas.[1]

Episode mimiti tiasa timbul mulai ti mangsa budak leutik nepi ka kolot. Lolobana kasus, kajadian ieu téh ti mangsa dewasa ngora umur 20-30 taun. Beuki suhud jelema nu miboga gangguan bipolar, resiko panyakit bakal leuwih beurat, katutuluyan, jeung sering kambuh. Lamun barudak mah potensi ngalaman gangguan bipolar téh asup kana kaayaan anu leuwih parah jeung mineng babarengan jeung gangguan hiperaktif defisit atensi. Jelema nu bisa ngalaman gangguan bipolar nyaéta aranjeunna anu miboga kulawarga nu miboga panyakit bipolar ogé.[1]

Rujukan

édit
  1. a b c d Bipolar