Cukang nyaéta catang kai atawa awi anu ngahaja digolérkeun malang luhureun kamalir atawa susukan, pikeun pameuntasan; sasak.[1] Wangunan cukang mah kawilang basajan, cukup jang ngaliwat sajalmaeun.[2] Sangkan henteu leueur, luhureun cukang ilaharna sok dituruban ku gedég awi atawa séséngkédan anu dijieun tina awi beunang neukteukan.[2] Cukang mah dipaké paranti meuntas di susukan leutik, balungbang, atawa kamalir kebon atawa sawah anu rada lega.[3] Sanajan wangunna basajan, tetep baé cukang kudu mibanda kakuatan anu sanggup nahan buerat awak anu ngaliwat luhureunna.[2] Komo deui mangsa usum panén, nu ngadon ngaliwatan éta cukang téh tangtuna bari jeung ngabengkot mawa hasil tatanén. Pikeun nyingkahan picilakaeun ku lantaran cukang lésot mangsa ditincak, ka dua tungtung cukang dipageuhan maké paseuk anu dicecebkeun kana galéngan.[3]

Cukang kai

Dicutat tina édit

  1. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. p. 95. 
  2. a b c Dibrata, R.A. Dana (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. ISBN 9793631937. 
  3. a b Mustappa, Abdullah (2008). Sawidak carita pondok. Bandung: Mangle Panglipur. pp. 178–178.