Dadu, asal kecap dadu tina bahasa Portugis Dado nu hartina 1. hiji wujud atawa badan nu panjangna, rubakna jeung luhurna, kubik. 2. sintir.[1] Numutkeun Encyclopedia Britannica, dadu (bahasa inggrisna dice, singular die) nyaéta barang leutik (polyhedrons)[2] nu dijadikeun sarana pikeun maén judi jeung maén kaulinan-kaulinan sosial. Wangun dadu nu pangilaharna nyaéta kubus nu ditandaan ku titik ti hiji semet ka genep. Titik-titikna diatur maké pola-pola konvénsional nepi ka unggal sisi nu patonggong-tonggong jumlahna salawasna tujuh. Sanajan kitu loba ogé dadu dina wangun jeung rarancang rupa séjénna tur jumlah sisi nu béda. Ari fungsi dadu nyaéta keur ngahasilkeun angka acak.[3]

Cara maénkeun dadu (kajaba dadu sintir) nyaéta dikocok saengangna boh ku leungeun atawa diwadahan heula, tuluy dipuragkeun atawa dialungkeun atawa digorolongkeun, engké sisi pangluhurna dianggap angka nu kaluar. Dadu nu dipaké dina hiji kaulinan bisa hiji atawa leuwih ti hiji, gumantung kana kaulinanna

Sajarah édit

Dadu jeung wangun-wangun sarupa saméméhna mangrupa sarana kaulinan pangkolotna nu pernah kanyahoan. Sophocles[4] ngalaporkeun yén dadu diciptakeun ku legénda Yunani Palamedes mangsa keur ngepung Troya, sedeng Heredotus[5] keukeuh nyatakeun yén dadu téh diciptakeun ku urang Lydia dina mangsa Raja Atys. Duanana dilemahkeun ku sawatara timuan arkéolog nu nunjukkeun yén dadu pernah dipaké di masyarakat-masyarakat saméméhna.[3]

Cikal bakal dadu téh nyaéta alat sihir nu digunakeun ku urang primitif pikeun ngarapalkeun jampé keur ngaramal mangsa hareup. Kamungkinan pangdeukeutna tina cikal bakal dadu nyaéta tulang pigeulang biri-biri (astragal) nu ditandaan dina opat sisina.[3]

Dina mangsa Yunani jeung Romawi baheula, lolobana dadu dijieun tina tulang jeung gading; nu lianna dijieun tina parunggu, rupa-rupa batu akik, marmer, porselén jeung material-material séjénna. Dadu kubus nu ditandaan nu praktis mangrupaan dadu ayeuna, kapanggih dina galian di Cina taun 600 Memeh Mangsa Umum (MMU) jeung galian Mesir 2.000 MMU. Catetan katuliskeun ngeunaan dadu aya dina epik Sangsakérta Kuno, Mahabarata, dijieun di India leuwih ti 2.000 taun ka tukang. Dadu piramid sarua kolotna jeung dadu kubus; dadu siga kitu kapanggih dina hiji kaulinan nu disebut Kaulinan Ménak Ur (Royal Game of Ur) taun 300 MMU. Abad ka-16 dadu jadi bahan kajian analisis matématika ku Cardano jeung Galiléo, sajaba nu sejenna ogé, ngalahirkeun konsep wilangan acak jeung konsep kamungkinan.[3] Dadu kamungkinan dikenalkeun ka Éropa ti China ku Marcopolo.[6]

Produksi dadu édit

Dadu kiwari dijieun tina bahan palastik polymer atawa palastik selulosa jeung bahan pawarna. Pikeun dadu nu hadé bahanna ditambahan ku fiberglass jeung bahan-bahan panahan sinar ultra violét. Nyieunna dicitak. Bahan-bahan dipanaskeun tuluy diasupkeun kana citakan. Sanggeus reureup dikaluarkeun dina citakan maké sawatara campuran kimia.[3]

Dadu kasino dijieun maké mesin, ukuran numut kana aturan nu aya. Dadu nu dicitak kalah kumaha gé bakal beda kasaimbanganna dibanding dadu nu dijieun maké mesin komputer (najan urang-urang mah teu bisa ngabedakeun). Titik-titikna dibor, terus diwarnaan maké bahan nu karapetanna sarua jeung palastik bari tetep merhatikeun kasaimbangan hiji sisi jeung sisi séjénna (mun teu kitu, ku logika ngaliangan, sisi “6” bakal leuwih hampang batan sisi “1”).[7]

Rupa-rupa dadu édit

Dadu standar édit

Dadu standar nyaéta dadu no sok remen kapanggih dina kaulinan sapopoe, disebutna dadu teu sampurna. Sisina semu baruled, teu seukeut.[3] Najan sisi-sisina dijieun sareket gé ari teu minuhan syarat dadu sampurna mangka diasupkeun kana jenis dadu ieu.

Dadu Sampurna édit

Dadu sampurna disebut ogé dadu kasino. Siga nu geus disebutkeun di handap. Biasana dijieun transparan. Sisina sareukeut. Dijieunna teu sagawayah, apik pisan. Dadu nu teu minuhan katangtuan dicirian, dijieun oleh-oleh atawa diancurkeun. Kasino gedé sok nandaan daduna ku simbol sorangan, sangkan euweuh dadu ti luar nu asup.[8]

 
Dadu kasino

Dadu backgammon édit

Nyaéta dadu sampurna di luhur tapi ujung-ujungna teu sareukeut.

Dadu piramid édit

Dadu nu wandana siga piramida, 4 sisi.

Dadu Polihédral édit

Dadu Polihédral: Dadu nu didasarkeun kana jumlah sisina. Kaasup dadu kubus, Ngan dina dadu polihédral mah teu maké titik tapi ku angka. Contona panggunaanna dina kaulinan maénkeun peran (Role Playaing Game) Dungeons and Dragons (D&D).

Dadu custom (kumaha kaperluan/kahayang) édit

Dadu sakaperluna: nyaéta dadu nu titik-titikna sawaréeh atanapi kabéh diganti ku angka atawa gambar. Bisa alatan kaperluan kaulinanna atawa kahayang nu nyieunna sangkan leuwih alus katinggalina. Contona dadu poker, dadu hoo hey how, dadu mahjong, dadu zombie, dadu pikeun RPG jeung réa-réa deui dadu nu diganti ku tulisan, angka, simbul atawa gambar.

Dadu bunder édit

Dadu bunder: nyaéta dadu nu bentukna bunder siga bal.

Dadu manipulasi édit

Dadu manipulasi: nyaéta dadu nu geus diutak-atik, fungsina pikeun ngalicikan. Umumna dina dadu kubus.

Dadu alternatif édit

Mun ditinggal dina fungsina nyéta pikeun ngaluarkeun angka acak, alat-alat lain nu fungsina siga dadu téh di antara:

-         Koin: contona duit receh.

-         Dreidel: modél gasing, kaulinan urang Yahudi.

-         Teetotum: modél gasing diangkaan, wandana siga koin, sisina diangkaan.

-         Dadu sintir: modél gasing, wandana segi genep kongruén.

-         Dadu gorolong: siga gir panjang, digorolongkeun, gigirna teu maké angka.

-         Trapezohedron; bentukna siga dua aseupan nu silih turuban.

- Daldos: bentukna siga dadu gorolong tapi segi opat.

Alat-alat di handap disebut ogé dadu alternatif.[9]

Software dadu édit

Teu boga dadu? Gampang, kiwari Google Play Store geus nyadiaan aplikasi-aplikasi dadu pikeun telepon pintér, malahan mah dadu polihédral gé aya.[10][11]

Kaulinan nu make dadu édit

Kaulinan-kaulinan sohor nu maké dadu

-         Dadu Batok/Tempurung/Kopyok

-         Dadu Poker

-         Backgammon

-         Craps

-         Pig

-         Monopoli

-         Ular tangga

-         Ludo

-         Dungeons & Dragons

-         Jrrd.

Catetan Suku édit

  1. Satjadibrata, R. Kamus Basa Sunda. Ed. 2, Jakarta: Perpustakaan, Perguruan, Kementrian P.P. dan K, 1954; Dadu, k. 76.
  2. Wangun tilu diménsi nu sisi-sisina rata, ujung-ujungna lalempeng, jeung juru-juruna sareukeut, cumpon kana rumus juru – ujung + sisi = 2.
  3. a b c d e f Glimne, Dan. "Dice". Encyclopædia Britannica. Encyclopædia Britannica, Inc. Diakses tanggal 04 Agustus 2019. 
  4. Autor drama Yunani
  5. Sajarawan Yunani mangsa harita.
  6. "Dice". How dice is made. 2019 Advameg, Inc. Diakses tanggal 04 Agustus 2019. 
  7. "How Dice Are Made". Awesome Dice Blog. Awesome Dice. Diakses tanggal 04 Agustus 2019. 
  8. "Casino Dice". Dice-Play. Stormdark I.P. and Media. 2019. Diakses tanggal 04 Agustus 2019. 
  9. "Dice Alternatives and Substitutes". dice-play. Stormdark I.P. and Media. Diakses tanggal 04 Agustus 2019. Tanpa nyebutkeun trapezohedron jeung daldos.. 
  10. "Google Play". Diakses tanggal 04 Agustus 2019. 
  11. "Google Play". Diakses tanggal 04 Agustus 2019.