Ganyol
Bunga tasbih berwarna kuning (Canna lily)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Canna
Dapuran ganyol leuweung

Ganyol leuweung (basa Indonésia: bunga tasbih), nyaéta tutuwuhan nu boga ngaran latin Canna indica. Kembang ganyol leuweung ieu asalna ti daérah trofis benua Amerika.[1]

Wangenan

édit

Kembang ganyol anu ngabogaan rupa éndah ieu biasana hirup di daérah leuweung, jeung jaman kiwari mah geus loba anu maké keur pakarangan atawa taman kota, kembang ieu ogé dijadikeun keur kembang hias. Aya béjana kembang ieu bisa hirup di dataran rendah anu bisa nepi ka 1.000 m di luhur muka laut jangkungna.[1]

Ganyol leuweung biasa hirup ngarumpul, bisa dipetik loba, ukur dipisahkeun bonggolna bisa dipélak deui keur ngalobaan kembangna. Kembang ieu leuwih téréh ngembang di tempat anu kacaangan ku panon poé jeung di tanéh anu lembap aya baseuh cai. Biasana, saméméh dipelakkeun  sok dikeeum heula dua poé népika tilu poé, kakara dipindahkeun ka tempat anu rék dipelakkeunna. Di Indonesia, biasana dipelak keur di jéro cai.

Ganyol leuweung atawa disebut kembang Kana ngabogaan daun anu gedé jeung urat daun nyirip. Warnana bisa héjo atawa bereum. Kembangna gedé, warna na warna cerah, bisa bereum, bereum ngora, jeung konéng nu susunanna ngabentuk nyarupaan tandan.

Kembang ieu geus dikenal teu ukur di Tatar Sunda, tapi daérah sején gé geus mikawanoh ka ieu kembang ku rupa-rupa sesebutan. Orang Sumatera biasa nyebut kembang ieu ku ngaran Hosbé ( Bahasa Batak ). Orang Jawa leuwih kenal ku sebutan pospa nidra, puspa nyidra, puspa midra, ganyong wana, kembang gedang, ganyong alam, sigi-sigi, jeung sebek. Jeung di masarakat Jakarta mah biasa nyebut Bunga Sabéh. Di Sunda ogé aya sababaraha hiji sesebutan di antaranna, kembang tasbéh, sebéh, sébé, ganyong, jeung ganyol leuweung.

Teu ngan saukur di Indonesia, kembang ganyol leuweung ieu geus kakoncara népi ka mancanagara. Salah sahiji na di Australia, di mana kembang ieu dikenal bisa ngahasilkeun tepung, sabab kembang ieu ngabogaan anu ngaranna rimpang anu mangrupa umbi anu amis. Salain éta, kembang kana ieu ngandung sanyawa anu disebut sanyawa sulfur jeung tannin. Salah sahiji ahli herbalis ti Jakarta nyeubutkeun yén rimpang éta téh ngandungan hasiat nu leuwih ti daun sirih keur proses ngaleungitkeun keputihan.

Klasifikasi

édit

Tutuwuhan anu kaasup kana Famili canacéae ieukagolongkeun kana tutuwuhan umbi-umbian. Umbi tina ganyol leuweung ieu disebut rizhome. Tapi kaayaan tutuwuhan ieu geus jarang di panggihan sabab kitu kudu aya budidaya anu bisa leuwih ngembangkeun kalestarian ieu tutuwuhan. Klasifikasi ganyol leuweung nyaéta :

 
Kembang ganyol leuweung

Budidaya

édit

Kembang ganyol leuweung geus kaitung kembang anu kakoncara népi ka mancanagra. Namung, jaman kiwari kembang ieu jarang dipanggihan, ku kituna keur ngalastarikeun tutuwuhan ieu kudu diayakeun nu ngaranna budidaya. di mana budidaya ieu mangrupa pangolahan anu bisa dilakukeun pikeun leuwih ngembangkeun utamana tina jumlah tutuwuhan anu rék di budidaya. Budidaya ganyol leuweung di antarana ku cara melak ganyol leuweung éta, léngkah-léngkah na nyaéta :

  1. Tangtukeun tempat jeung titimangsa melak
  2. Siapkeun tanéh anu rek dijadikeun lahan melak. Tanéh anu dimaksud kudu ngadung lembap jeung draisena hadé sangkan ganyol leuweung bisa ngembang alus
  3. Usahakeun lahan anu dipaké melak kudu anu kacaangan ku panon poé
  4. Jieun lubang kurang leuwih 5 cm
  5. Pelak bibit ganyol leuweung ka lubang éta
  6. Siram ku cai ( nyiram na rutin, nepi ka kaluar pucuk héjo
  7. Bungkus umbi ku material anu lembut
  8. Pelak umbi keur musim semi

Hasiat

édit

Ganyol leuweung ieu ngabogaan anu disebut rimpang. Rimpang ieu téh ngandung 6 substansi phenol, 2 terpene, jeung 4 coumarin. Salain éta ngandung ogé pati, glucose, lemak alkaloid jeung getah. Kembang kana rasana amis, tiis, sangkan kembang ieu ngabogaan hasiat bisa digunakeun keur nurunkeun panas, nurunkeun tekanan darah, jeung dijadikeun keur penenang. Aya sababaraha hasiat anu bisa ku urang gunakeun pikeun kahirupan sapopo’e, di antaranna :

  1. Nurunkeun panas jeung hipertensi,
  2. Ngaeureunkeun pendarahan,
  3. Ngobatan kanker kandungan,
  4. Ngobatan jerawat,
  5. Ngobatan kelenjar limfa,
  6. Ngobatan panyakit konéng,
  7. Ngobatan  ambien atawa wasir,
  8. Ngobatan panyakit Acute icteric hepatitis,
  9. Ngobatan bagian awak anu cidera.

Rujukan

édit
  1. a b Damayanti, Dewi; Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra, Novi Widianti, Nina Wulan Dari (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 103. ISBN 9789790061941.