Gerakan Haji Prawata Sari téh mangrupa perlawanan rakyat dilantarkeun ku ayanan sistem tanam paksa tarum VOC.[1] Gerakan ngalawan kumpeni dimimitian di Jampang, dipingpin ku Haji Prawata Sari, dina bulan Maret 1703 nepi ka 12 Juli 1707.[1] Haji Prawata Sari ngaran sejenna Raden Alit, mampuh ngumpulkeun pasukan lobana 3000 urang.[1] Kumpeni ngayonanana ku cara mindahkeun penduduk Jampang ka Bayabang, sisi Citarum, ngaliwatan Cianjur.[1] Lobana 1.354 urang. Sapanjang jalan loba nu maot, nu tepi mah ngan sawareh.[1] Haji Prawata Sari tuluy ngayakeun perang gerilya.[1] Dina bulan April-Juni 1704, basa diserang ku pasukan Kompeni, nagen di muara Citanduy.[1] Dina bulan Oktober 1074 ngariweyhkeun Kompeni di Galuh, Imbanagara, jeung Kawasen.[1] Teul lila aya di Jampang, tuluy ka Batavia, sarta dina bulan Januari 1705 aya di sabudeureun Bogor.[1] Kompeni menta bantuan ka rahayat tapi aya nu daek.[1] Akibatna tilu urang panghulu di Kampung Baru (Bogor) ditewak ku Kumpeni sarta ditelasan kalayan kejem (Jagoswara, 1991: 2).[1] Dina bulan Maret 1075 Prawata Sari baruntak di kiduleun Bandung.[1] Bulan Agustusna tilu kali ngancurkeun pasukan Kumpeni nu ngungudagna.[1] Hal ieu téh matak pusing ka Kumpeni, lantaran taya nu daek mantuan sanajan dibere haiah 3000 ringgit lamun bisa maehan Prawata Sari.[1]

Rujukan

édit
  1. a b c d e f g h i j k l m n Ruhaliah (2010). Sajarah Sunda Samemeh Taun 1945. Bandung: Wahana Karya Grafika. p. 142.