Guru
Guru asalna tina basa Sangsekerta anu hartina pangagungan, pangutamana, pangpentingna, pangpangna.[1]
Tugas Guru
éditDaoed Yoesoef (1980) ngébrehkeun yén guru miboga tilu tugas pokok nyaéta tugas profesional, tugas manusiawi, jeung tugas kamasarakatan (sivic mission).[2] Lamun dipatalikeun jeung kabudayaan, tugas anu kahiji nyaéta patalina jeung logika jeung éstétika, tugas kadua jeung katilu patalina jeung étika.[2]
Sajarah Guru
éditDi jaman baheula guru nyicingan peranan-peranan penting dina ngajalankeun jeung ngendalikeun pimpinan nagara jeung karajaan. Dina sajarah Mesir kuno, guru dihartikeun salaku filosof anu jadi panaséhat raja. Ucapana jadi pedoman dina mingpin nagara. Sedengkeun dina jaman falsafah Yunani, ''Socrates'', ''Plto'' jeung ''Aristoteles'' nyaéta guru-guru anu mangaruhan kana sajarah Yunani. Ku sabab kitu, para filosof Arab ngebréhkeun yén Aristoteles salaku guru nu munggaran. Sedengkeun ''Al-Farabi'', jalma anu paling nyaho kana falsafah Aristoteles anu dibéré gelar guru kadua.[3] Dina sajarah Islam, wangenan guru nyaéta ulama.[4] Sanggeus nagara Islam sumebar, disiapkeun jalma-jalma nu tangtu pikeun ngajarkeun Islam ka barudak, rumaja atawa ka jalma kolot.[4] Sajarah mekarna sakola dina Islam nembongkeun yén pendidikan Islam di pondok-pondok, madrasah.[4] Harti guru jadi béda ku sabab ayana pangaruh ti panjajah.[4] Contohna panjajah Walanda di nusantara. Ku ayana sakola Walanda di nagri ieu.[4] Wangenan guru robah deui sanggeus Indonésia merdéka. Sanggeus merdéka, ayana tujuan-tujuan anu lain salain nyiptakeun tanaga gawé jeung pagawé.[4]
catetan
édit- ↑ [Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.]
- ↑ a b PENDIDIKAN DAN MASYARAKAT (Dicutat tanggal 2 November 2011)
- ↑ Langlung, Hasan.(1995).Manusia dan Pendidikan, suatu analisa psikologi dan pendidikan.Jakarta: Al-Hussna Dzikra.kaca 228
- ↑ a b c d e f Sejarah Guru dan Pengertiannya Archived 2012-01-01 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 2 November 2011)