Hendrik Antoon Lorentz
Hendrik Antoon Lorentz (1853-1928) nyaéta fisikawan Walanda anu meunang panglélér Nobel dina widan fisika bareng jeung Pieter Zeeman dina taun 1902.[1]
Hendrik Antoon Lorentz | |
---|---|
Lahir | 18 Juli 1853 Arnhem, Netherlands |
Tilar | 4 Pébruari 1928 (yuswa 74) Haarlem, Belanda |
Tempat nganjrek | Belanda |
Kabangsaan | Belanda |
Widang | Fisika |
Institusi | Universitas Leiden |
Alma mater | Universitas Leiden |
Pangaping doktoral | Pieter Rijke |
Mahasiswa doktoral | Geertruida L. de Haas-Lorentz Adriaan Fokker Leonard Ornstein |
Dipikawanoh lantaran | Teori radiasi EM |
Layang pangajén | Penghargaan Nobél di bidang Fisika (1902) |
Lahir di Arnhem, Walanda.[1] Anjeunna diajar di universitas Leiden.[1] Dina umur 19 taun anjeunna balik deui ka Arnhem jeung ngajar di salah sahiji SMA.[1] Sabari ngajar, anjeunna nyiapkeun tésis doctoral anu ngalegaan téori James Clerk Maxxwell ngeunaan éléktromagnét nu ngawengku wincikan tina pemantulan jeung pembiasan cahaya.[1]
Dina taun 1878 anjeunna jadi uru besar fisika téoritis di Leiden anu mangrupa tempat digawéna nu munggaran.[1] Ajeunna hirup di dinya salila 34 taun, tuluy pidah ka Haarlem.[1] Lorentz nuluykun pagawéanana pikeun ngabasajankeun téori Maxwell jeung ngawanohkeun gagasan yén médan éléktromagnétik téh disababkeun ku muatan listrik dina tingkat atom.[1] Anjeunna ngébréhkeun yén mancarna cahaya ku atom jeung rupa-rupa gejala optic bisa diruntut kana gerak jeung interaksi atom.[1]
Lorentz ogé nyieun kontribusi anu gedé pikeun nalungtik fénoména banda nu gerak.[2] Dina hiji risalah anu lega dina ngajelaskeun kasalahan jeung masalah-masalah anu muncul di sagédéngeun éta, anjeunna nuturkeun hipotésis AJ Frensel ngeunaan ayana éter teu gerak, anu sacara bébas nembus sakumna awak.[2] Éta asumsi téh ngawangun wangun dasar tina hiji téori umum ngeunaan fénoména listrik jeung optik awak gerak.[2]
Sumber
éditArtikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |