Historiografi (history+graphy), nyaéta sératan ngenaan sajarah.[1] Sacara umum dihartikeun salaku karya sajarah ti jaman ka jaman, dijéntrékeun ngaliwatan sababaraha sudut pandang, siga: ekonomi, pulitik, adat istiadat, agama jeung kapercayaan, jeung hubungan-hubungan sosial budaya séjénna.[1] Historiografi téh dibedakeun jadi tilu, nyaéta: a) historiografi tradisional anu cicirénna istana sentris, etnosentris, psikologis, jeung religius magis, b) kolonial nu cicirénna Belanda sentris, jeung c) historiografi modern nu cicirénna Indonesia sentris anu sifatna kritis jeung ilmiah.[1] Dawuhan Cuddon (2013: 334-335) historiografi nu paling awal, anu bentuk na sederhana geus aya ti jaman Mésopotamia jeung Mésir kuno, dilajengkeun ka Yunani kuno siga The Histories anu dijieun ku Herodotus (484--425SM). Historiografi, etnografi, biografi jeung otobiografi bisa disusun jadi karya sastra.[1] Kukituna, saacan jaman Modern, hampir kabeh karya jélma, kabeh nu ditulis jadi kaasup karya sastra.[1]

Catatan kaki

édit
  1. a b c d e Kutha Ratna, Nyoman (2018). Ensiklopedia 2000 Entri Istilah, Biografi, Karya, Metode, dan Teori Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. ISBN 9786022297437.