Holosén
Kala Holosén atawa jaman Alluvium nyaéta kala terahir dina tarikh géologi.[1] Lumangsung kurang leuwih ti saprak 20.000 taun ka tukang.[1][2] Kala Holosén mangrupa bagéan pangorana tina jaman kuarter.[1][3] Jaman kuarter mangrupa bagéan tona jaman Néozoikum atawa Kaénozoikum.[3] Jaman Néozoikum dibagi jadi dua jaman nyaéta tersier jeung kuarter.[3] Jaman kuarter dibagi deui jadi dua nyaéta jaman Diluvium atawa jaman pléistisén jeung jaman holosén atawa alluvium.[3]
Jaman holosén mangrupa jaman terahir tina papasingan sajarah géologi bumi.[3] Ieu hal lantaran holosén mangrupa jaman keur manusa modérn.[3] Jadi lamun aya bancang pakéwuh super anu badag pisan jeung sabagéan manusa maot, mangka mungkin jaman holosén bakal kaganti.[3]
Ciri jaman holosén nyaéta wangun géografis bumi, benua, pulo-pulona henteu loba nu robah siga zaman ayeuna, jeung és di kutub geus loba anu cair[3] Ieu hal lantaran jaman holosén atawa jaman alluvium aya sanggeus kajadian "melting down" atawa és di Bumi anu jadi cair.[3]
Pambagian jaman Holosén
éditJaman holosén dibagi jadi lima jaman anu sakabéhna dingaranan ku kajadian parobahan iklim nyaéta:[3]
- Preboréal (10 réwu taun–9 réwu taun),
- Boréal (9 réwu taun–8 réwu taun),
- Atlantic (8 réwu taun–5 réwu taun),
- Subboréal (5 réwu taun–2,5 réwu taun) jeung
- Subatlantic (2.5 réwu taun–ayeuna).[3]
Tutuwuhan dina jaman holosén geus jiga ayeuna kalawan didominasi ku tutuwuhan jenis spérmatophyta boh angiospermae atawa gymnospermae.[3] Tutuwuhan lianna saperti paku (pterydophyta) ogé loba tapi henteu dominan.[3] Loba maruncul tutuwuhan kalawan varietas anyar lantaran ayana usaha manusa dina persilangan.[3]
Sasatoan nu aya di jaman holosén ogé henteu siga di jaman pléistosén.[3] Mammot ogé arang langka waktu asup jaman holosén mah.[3] Sanajan mimitina mah masih kénéh katempo, beuki dieu mah beuki langka lantaran kaéréd ku polah manusa nu sarakah.[3] Di ieu jaman muncul ras sato anyar jeung sato doméstik nu kawilang loba.[3]
Jaman Holosén di Indonésia
éditDi jaman Holosén mimiti aya spésiés Homo Sapiéns.[2][3] Di Indonésia, ayana kamekaran global loba mangaruhan kamekaran fisik alam Indonésia.[2] Basa lapisan és kutub utara acan cair, wilayah Indonésia bagéan kulon masih ngahiji jeung Benua Asia, ari wilayah Indonésia Timur masih ngahiji jeung Benua Australia.[2]
Basa suhu bumi panas jeung lapisan és kutub utara cair, ngabalukarkeun ayana laut di sababaraha wilayah Indonésia jadi sababaraha pulo anyar.[2] Wilayah anu baheulana ngahiji jeung Asia jeung ayeuna jadi dasar lautan anu disebut Paparan Sunda, ari wilayah anu pernah ngahijikeun sawaréh wilayah Indonésia jeung Australia disebutna Paparan Sahul.[2]
Referensi
édit- ↑ a b c Marbun, M.A (2004). Ensiklopedia Geografi. Bogor: Yudhistira. p. 113. ISBN 979-746-308-7.
- ↑ a b c d e f "Zaman Kala Holosen atau Zaman Aluvium". Sejarah-negara.com. Diakses tanggal 29 November 2017.
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s Dary, Wulan. "Belajar Tentang Pembagian Zama Holosen". Learn is Easy. Diakses tanggal 29 November 2017. Archived 29 Nopémber 2017 di Wayback Machine