Homonim (homoniem, Latin), asal kécapna homo (sami) sareng niem/nimum (nami), nyaéta kecap-kecap anu sami kana cariosan sareng seratanana ngan hartina bénten ku lantaran kawit ti sumber anu bénten, sapertos : bisa (kenging atanapi racun), seni ( hasil nu éndah atanapi ci ompol), buku (ruas atanapi kitab), rapet (caket atanapi panglawungan), sareng sabangsaning ti éta.[1] Aya dua rupa homonim, nyaéta homofon sareng homograf. Homofon nyaéta kecap-kecap anu sami cariosanna, ngan bénten seratan sareng hartina, sapertos bank (lembaga) sareng bang (lanceuk), sanksi (hukuman) sareng sangsi (mangmang), rock (aliran music) sareng rok (papakéan), sareng sabangsaning ti éta. Homograf nyaéta kecap-kecap anu seratanna sami, ngan bénten cariosan sareng hartosna, sapertos téras (beranda) sareng teras (pajabat luhur), apel(bubuahan) sareng apél (upacara/kumpulan), seri (saimbang) séri (waos), sareng sabangsaning ti éta.[1] Homogram téh homograf, dilebetna salah sahiji kecap anu asalna tina asal-usul anu bénten sareng ‘tahu’ (sinika,taufu, sabangsaning tuangeun) sareng ‘tahu’ (Indonesia, ngartos). Dina élmu homogram ngagaduhan tatali sareng paronim (para, di pipir+onima, nami), kecap anu bentukna sami sareng kecap saasal tina basa séjen, sapertos ‘awis’ (Tagalog sareng Indonesia). Cuddon (2013:516) maparinan conto paronim sapertos: ekstasis (Yunani), ecstasie (Perancis heubeul), extasis (Latin pertengahan), sareng ecstasy (Inggris).[1]

Rujukan édit

  1. a b c Kutha Ratna, Nyoman (2018). ENSIKLOPEDIA 2.000 Entri Istilah, Biografi, Karya, Metode, dan Teori Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. ISBN 9786022297437.