Purwakanti: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Luckas-bot (obrolan | kontribusi)
Xqbot (obrolan | kontribusi)
m bot Nambih: hy:Բաղաձայնույթ; kosmetik perubahan
Baris ka-1:
'''Purwakanti''' nyaéta padeukeutna [[sora]] [[Kecap (Basa Sunda)|kecap]] dina ungkara [[Kalimah (Basa Sunda)|kalimah]], bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi. Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan. Nilik kana perenahna, aya nu disebut purwakanti rantayan (ngajajar), purwakanti runtuyan (ngaruntuy antarpadalisan), sarta gabungan runtuyan jeung rantayan.
 
== Rupa purwakanti ==
Nurutkeun papasingan M. A. Salmun, purwakanti téh aya 10 rupa.
 
=== Purwakanti pangluyu ===
Purwakanti pangluyu téh nyaéta purwakanti anu aya dina saungkara atawa sapadalisan, lain purwakanti antarungkara atawa antarpadalisan; jadi mangrupa purwakanti rantayan. Pangna disebut pangluyu, duméh nyaluyukeun sora atawa wianjana dina kecap-kecap.
 
Baris ka-13:
::''ditilik ti gigir lenggik''
 
=== Purwakanti maduswara ===
 
Purwakanti maduswara nyaéta purwakanti anu murwakanti sora vokalna.
Baris ka-24:
::''lalaki langit lalanang jagat'' (a,i;a,a)
 
=== Purwakanti cakraswara ===
 
Purwakanti cakraswara nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya sora-sora vokal anu patukeur tempat dina kecap anu padeukeut atawa saungkara.
Baris ka-34:
::''ngumbar napsu''
 
=== Purwakanti laraspurwa ===
 
Purwakanti laraspurwa téh nyaéta purwakanti anu murwakanti engang atawa wianjana awal kecap, boh rantayan boh runtuyan.
Baris ka-40:
Conto laraspurwa wianjana:
 
# ''C''ing ''c''angkeling manuk ''c''ingkleung ''c''indeten'' (tina kakawihan)
# Laut ''k''idul ''k''abéh ''k''atingali (tina guguritan)
# Kembang ''b''odas ''b''uah ''b''under (tina wawangsalan)
 
Conto laraspurwa [[engang]]:
 
# ''p''alataran ''p''asini ''p''ati
# ''s''akadar ''s''abrang ''s''alayan
# nu ''ny''aksrak ''ny''aliara<br />''ng''aruksak ''ng''araksuk<br />''k''aniaya ''k''amanala<br />''m''amalana ''m''anjang ''ng''abanding ''ng''aranjing ''ng''ambah jagat duriat
 
=== Purwakanti larasmadya ===
Purwakanti larasmadya teh nyaeta purwakanti anu dumasar kana perenahna aya di tengah-tengah ungkara antarpadalisan. Jadi mangrupa purwakanti runtuyan.
 
Baris ka-60:
::Sok ''hayang'' nyaho nyentakna
 
=== Purwakanti laraswekas ===
Purwakanti laraswekas nyaéta purwakanti anu murwakanti engan tungtung, boh dina kecap-kecap anu saungkara (sapadalisan) boh dina kecap-kecap antarpadalisan (di tungtung padalisan). Jadi, anu jadi patokanana téh perenahna.
 
Baris ka-70:
::teu rék lum''pat'' ku nu ngu''pat''
 
=== Purwakanti mindoan kawit ===
Purwakanti mindoan kawit nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina awal padalisan atawa awal ungkara. Anu jadi patokanana téh nyaéta perenahna éta purwakanti.
 
Baris ka-80:
::''lain'' ka dinya aduna
 
=== Purwakanti mindoan wekas ===
Purwakanti mindowan wekas nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina tungtung padalisan atawa ungkara.
 
Baris ka-90:
::samping goréng bajuna teu maké kancing.
 
=== purwakanti mindoan kecap ===
 
Purwakanti mindoan kecap nyaéta purwakanti anu muncul lantaran malikan kecap dina kalimah, tapi hartina béda. Purwakanti mindokecap sarua jeung [[diapora]].
Baris ka-99:
::Awakna nu ngalangkang katojo cahaya bulan purnama, teu weléh ngalangkang dina kongkolak panon.
 
=== Purwakanti margaluyu ===
 
Purwakanti margaluyu téh nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya kecap dina tungtung [[padalisan]], dina puisi anu dibalikan deui dina awal padalisan sapandeurieunana.
Baris ka-113:
::''sakujur kadua rasa''
 
== Rujukan ==
# Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk., Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda, Pustaka Setia, Bandung, 1999
 
Baris ka-137:
[[he:אליטרציה]]
[[hr:Aliteracija]]
[[hy:Բաղաձայնույթ]]
[[id:Aliterasi]]
[[io:Aliteraco]]