Konten dihapus Konten ditambahkan
Tidak ada ringkasan suntingan
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-1:
(Ing: Sundanese Manuscript). Karya tulisan leungeun (lain hasil ketikan atawa citakan) hiji jalma nu ditulis sakurang-kurangna 50 taun katukang <ref>Undang-undang No.43 tahun 2007 ngeunaan Perpustakaan dina bab Pengertian Umum</ref> turta ngandung informasi anu patali jeung, atawa ditulis di, tatar[[Tatar Sunda]], boh ditulis ku pangarang Sunda atawa pangarang ti wewengkon séjén dina kontéks Sunda. Sabenerna, naskah Sunda anu pangkolotna nyaéta Arjunawiwaha[[''Arjunawiwāha'']] (kropak 641) nu ngagunakeun [[basa Jawa kuna]], ditulis dina taun 1256 Saka (taun [[1334]] M). Tapi, naskah Sunda pangkolotna anu maké [[basa Sunda buhunkuna]] mah nyaéta [[Sanghyang Siksa Kandang Karesian]] nu ditulis dina taun 1440 Saka atawa [[1518]] M. Hartina, naskah Sunda mimiti dijieundihasilkeun ti mimitidina abad ka-14 M.
 
==Bahan==
Alas tulis anu digunakeun pikeun nuliskeun naskah nyaéta dangdaunan kayaning daun [[gebang]] ([[nipah]]), [[lontar]], [[kalapa]], [[kawung]], [[awi]], [[daluwang]] (kulit tangkal saéh), jeung [[kertas]]. Cara nuliskeunana aya anu digurat ku péso anu biasa disebut [[péso pangot]], aya anu diulas ngagunakeun nyéré harupat nu dicelepkeun kana mangsi. NganWungkul naskah tina lontar anu ditulis ku cara digurat mah, sésana mah ditulis ngagunakeun mangsi. Mangsi nu dihasilkeun ti lingkungan asli Sunda mangrupa hasil olahan tradisional tina tutuwuhan, nyaéta [[nagasari]] jeung [[damarséla]].
 
==Aksara==
Aksara nu digunakeun dina naskah Sunda nyaéta [[aksara Sunda kuna]], aksara Buda (gunung), [[Cacarakan]], [[Aksara Pégon Pégon]], danjeung Latin. Aksara Sunda kuna digunakeun dina naskah lontar, aksara Buda (Gunung) digunakeun dina daun gebang (nipah). Aksara Cacarakan digunakeun dina daun lontar, daluwang, kertas, sedeng aksara Pégon jeung Latin digunakeun dina daluwang jeung kertas.
 
Aksara Sunda kuna jeung aksara Buda digunakeun dina naskah Sunda kuna, sedengkeun aksara Cacarakan, Pégon, jeung Latin digunakeun dina naskah Sunda kabéhdieunakeun sanggeus budaya Sunda kapangaruhan ku [[Islam]], Jawa (Mataram), jeung Éropa (Walanda). Mun seug dibandingkeun jeung tradisi nulis naskah di wewengkon séjén, aksara nu kungsi dipikawanoh turta digunakeun ku urang Sunda téh, pangréana.
 
==Bahasa==
Sajaba ti ragemna wangun aksara, basa nu digunakeun dina naskah Sunda gé ragem deuih. Basa-basa nu digunakeun di antarana: [[basa Sunda Kuna| basa Sunda buhun (kuna)]], Sunda, Jawa buhun (Jawa kuna), Jawa Banten, Jawa Cirebon, Jawa, [[Basa Malayu| Malayu]], jeung basa[[Basa Arab| Arab]]. Sakapeung basa-basa éta téh campur dina sanaskah.
 
==Tempat Neundeun==