Konten dihapus Konten ditambahkan
Tidak ada ringkasan suntingan
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-5:
 
==Sajarah Kamekaran Folklor==
Folklor mangrupa salasahiji kabeungharan sastra heubeul. Ieu sastra folklor mekar sanggeus [[William John Thoms]], salah saurang ahli kabudayaan ti [[Inggris]] ngabéwarakeun artikelna dina majalah Athenaeum No. 982 tanggal [[22 Agustus]] [[1846]] kalawan sandi asma [[Ambrose Merton]]. <br/>
Dina éta majalah Thoms nyieun istilah folklor pikeun kasopanan [[Inggris]], tahayul, balada, jeung ngeunaan hal-hal dina mangsa katukang nu saméméhna disebut ''antiquities'', ''popular antiquities'', atawa ''popular literature''.
Tisaprak harita, folklor jadi istilah anyar dina kabudayaan. Tapi dina taun [[1865]] [[E.B. taylorTaylor]] ngawanohkeun istilah ''culture'' kana basa Inggris. Éta istilah mimiti diwanohkeun dina karanganana kalawan judul ''Researches into the Early History of Mankind and the Development of Civilization''. <br/>
Alatan hal éta, istilah culture diidéntifikasikeun jeung kabudayaan dina umumna, sedengkeun istilah foklor ngan ngawengku kabudayaan nu sumebar sacara lisan wungkul.<br/>
Di sawatara nagara, masih kénéh aya nu ngagunakeun istilah lain pikeun foklor saperti di [[Prancis]] nu ngagunakeun ''tradision populair'', sarta di nagara-nagara [[Eropa]] lianna digunakeunnu ngagunakeun istilah ''volkskunde'' jeung ''fol-liv'' (''folk life'').
 
==Ciri-ciri Folklor==
Baris ka-24:
 
==Folklor di masarakat Sunda==
Folklor nu aya dina hirup kumbuh masarakat Sunda sarua jeung folklor di daérah lianna nu ngawengku folklor lisan (''verbal folklore''), folklor satengah lisan (''partly folklore''), jeung foklor lain lisan (''nonverbal folklore'').
===Folklor lisan (verbal folklor)===
Numutkeun [[Rusyana]] ([[1976]]) folklor lisan atawa sastra lisan miboga kalungguhan minangka kabeungharan budaya hususna kabeungharan sastra; minangka modal aprésiasi sastra lantaran sastra lisan geus bisa ngarahkeun masarakat nepi ka bisa ngaprésiasi sarta weruh kana ide jeung hal-hal puitik dumasar prakték nu geus jadi tradisi; minangka dasar komunikasi antara nu nyipta jeung masarakat dina harti ciptaan dumasar sastra lisan.
====Carita prosa rahayat====
* Mite
Mite nya éta carita nu miboga kasang tukang sajarah, dipercaya ku masarakat minangka carita nu bener-bener kajadian sarta dianggap suci jeung di jerona loba hal-hal goib. Biasana tokoh dina ieu carita nya éta déwa-déwi.
* Legénda
Legénda nya éta carita rayat bihari nu aya patalina jeung sajarah. Di jerona aya kajadian-kajadian nu dibayangkeun aya dina sajarah. Biasana kajadianana ogé lain hal nu biasa.
* DongeéngDongéng
Dongéng nya éta babad beunang ngaréka, babad karangan anu heunteu kajadian saenyana anu mohal jadina. Rusyana nétélakeun yén dina sastra Sunda, dongéng bisa dipasing-pasing jadi:
*# Carita karuhun
Carita nu lalakonna manusa nu laku lampahna dianggap miboga mangpaat pikeun hiji kelompok masarakat. Masarakat nganggap tokoh éta carita salaku karuhun saperti sesepuh nu geus tilar dunya sarta éta sesepuh téh dipihurmat.
*# Carita kajajadén
Carita nu lalakonna manusa nu sanggeus tilar dunya tuluy robah jadi sato kajajadén.
*# Sasakala
Carita nu tokoh utamana atawa tokoh lianna ngan saukur mangrupa benda nu dianggap hiji asal-usul ngaran atawa kaayaan.
*# Carita dedemit
Dongéng nu palaku utamana nya éta [[dedemit]] atawa [[siluman]]. Biasana ieu dedemit téh ngahukum manusa nu ngarempak hiji larangan di hiji tempat.
 
====Puisi rayat====