Sajarah Telekomunikasi di Indonesia: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
Hadiyana (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Hadiyana (obrolan | kontribusi)
mTidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-5:
Husus pikeun hubungan [[telepon interlokal]], pausahaan Intercommunaal Telefoon Maatschappij meunang konsési salila dua puluh lima taun pikeun ngahubungkeun Batavia-Semarang, saterusna Batavia-Surabaya, disusul Batavia-Bogor sarta saterusna [[Bandung]]-[[Sukabumi]]. Dina ngamekarkeun jaringan telepon tétéla pausahaan-pausahaan telepon éta ngan muka hubungan telepon di dayeuh-dayeuh anu gedé anu ngadatangkeun untung; ku kituna jaringan telepon di Hindia Walanda henteu rata sumebarna. Ahirna dina taun 1906 saenggeus jangka waktu konsési lekasan, kabéh usaha jaringan telepon ''diambilalih'' sarta dikokolakeun ku Pamaréntah Hindia Walanda ku cara dibentukna Post, Telegraaf en Telefoon Dienst (Dines PTT). Saprak ti harita panyadiaan jasa telekomunikasi dikokolakeun ku pamaréntah sacara monopoli.
 
Jaringan telepon éta mimitina ngagunakeun sistem [[bateré]] lokal sarta kawat tunggal anu dipasang di luhureun taneuh; ku kituna mindeng ngalaman gangguan. Saterusna dilakukeun modérnisasi, pemasangan kabel jarak jauh dilarapkeun dina jero taneuh, [[kawat tunggal]] diganti ku [[kawat sapasang]] sarta ngagunakeun sistem bateré séntral. Ngamekarkeun telekomunikasi di mangsa harita tangtu waé merlukeun pagawé-pagawé anu boga atikan, boh ti pihak pribumi boh ti Walanda. Éta pisan sababna PTT ngalangsungkeun atikan sarta palatihan; contona kursus ngagetok kawat morse di Jakarta. Atikan anu leuwih luhur deui disadiakeun di Walanda. Réa pribumi anu jadi pagawé PTT sanajan gaji pikeun pribumi leuwih saeutik tinimbang pagawé [[Walanda]]. Pagawé PTT meunang sebutan Dén Ajung (adjunct inspector) atawa Dén Komis (commies) anu ngajadikeun reueus pikeun pagawé PTT pribumi alatan gaji pagawé PTT leuwih luhur batan pagawé dines séjén, sanajan gaji asistén pribumi dibandingkeun kalawanjeung asisten Walanda jauh bédana.
 
Téknisi telekomunikasi didatangkan ti Walanda sarta ngan aya saurang téknisi [[radio]] pribumi, nyaéta Soedirdjo anu milu ngawangun setasiun radio panarima Malabar taun 1920, setasiun radio pangkolotna di [[Indonésia]] sarta pangbadagna di dunya beulahan kidul. Prioritas pamakéan jasa telepon waktu éta dibikeun ka para pajabat pamaréntah sarta pangusaha. Para bupati sarta wadana di Pulo Jawa ngabogaan [[terminal]] telepon. Waragadna ditanggung pamaréntah. Sedengkeun terminal telepon anu dipaké nyaéta jinis telepon bateré lokal, jarak hontalanana kawates. Gunem catur ngagunakeun telepon éngkol dimaksud kudu tarik. Henteu matak héran lamun aya langganan anu nyarékan operator. Aya ogé operator anu didatangan ku palanggan sarta diteunggeulan alatan éta palanggan ngarasa diréméhkeun. Hal éta disababkan penyambungan telepon dilakukeun sacara manual, anu balukarna layananna henteu bisa gancang.