Istihadhah
Istihadhah téh nyaéta getih kotor anu kaluar tina farji awéwé anu lain dina waktuna jeung getih éta ogé kaluar tina urat, lain kaluar tina ronggapianakan (rongga rahim)/bagéan tina pianakan.[1] Tokoh ulama nyarita yén awéwé istihadhah nyaéta maranéhna anu ngaluarkeun getih, tapi getih éta miboga sipat anu béda jeung getih mén atawa nipas.[1] disebutkeun ogé yén getih istihadhah nyaéta getih anu kaluar ngaleuleuwihi wates maksimal mén(15 poé) atawa wates maksimal tina nipas (40poé).[1] Anapon sipat tina getih istihadhah nya warnana hérang semu kayas sarta ngalisna leuwih téréh dibandingkeun jeung getih mén, sabab getih éta ngalir tina urat atawa pembuluh darah , lain ngalir tina rongga pianakan.[1] Jadi, nalika awéwé ngaluarkeun getih dina poé-poé anu tangtu, jeung warna getihna rada hideung, kuled sarta bauna hanyir, tuluy dina poé nu lian manéhna kaluar getih anu warnana kayas, héncér (henteu kuled) nyaéta siga sipatna getih dina raheut.[1] Jadi bisa dicindekkeun ku urang yén getih nu sipatna kentel sarta bau mah nyaéta getih men, ari getih anu kaluar leuwih héncér sarta sipatna anu leuwih lemes mah kaasup kana getih istihadhah.[1]
Tilu Kaayaan Istihadhah
éditKayaan kahiji
éditMumayyizah. Awéwé geus nyaho kalayan pasti kana lilana mén manéhna nu ngabalukarkeun lamun getih anu kaluar ngaleuwihi wayah ménna anu normal, jadi getih éta mangrupa getih istihadhah.[2]
Kaayaan kadua
éditAwéwé anu teu boga kapastian lilana mén manéhna, jeung ogé manéhna teu bisa ngabédakeun antara getih mén jeung getih lain mén. Dina kondisi saperti kieu acuanna nyaéta genep atawa tujuh poé gumantung umumna kabiasaanana awéwé nalika mén.[2]
Kaayaan katilu
éditAwéwé anu teu nyaho kabiasaanana tapi mampuh ngabédakeun mana getih mén jeung mana getih istihadhah.