Jimat

Keris sok dipaké jimat
Kongkorong sok dipaké jimat

Jimat nyaéta barang anu hasiatna bisa ngadatangkeun kauntungan atawa ngajaga ngajaring ka nu bogana supaya luput tina sagala pancabaya; mula-mula jalma timbul kapercayaan kana jimat yén dunya téh dieusi kakuatan gaib anu ngalantarankeun ayana hayat anu disebut mana Jimat dianggap barang anu aya maunatna. Jimat disimpenna dipusti-pusti lantaran éta kecap jimat sok dilarapkeun ka kabogoh anu jadi pupustén ati. Ngajimatan hartina méré jimat atawa méré naon-naon pikeun jimat. Ngabérésihan barang jimat disebut kokolo, upamana pedang, keris, jsb, dilaksanakeun dina bulan Mulud. Jimat paripih/ parépéh nyaéta jimat pikeun nolak sangkan jurig ngajauhan, ulah nyiliwuri atawa ngagoda.(Danadibrata) Jimat asalna tina basa Arab azimat, barang anéh nu sok dipiara hadé-hadé, sabab disangka aya pangaruhna. Jelema anu jadi kakasih sok rajeun disebut jimat.(Satjadibrata)

Geus jadi kabiasaan nu ngaranna jimat bakal ngahasilkeun naon-naon anu dimaksud jeung nulak kacilakaan. Jimat arang barangna. Wangunna aya nu mangrupa kalimah-kalimah nu kekecapanana tina kitab suci, nu hartina méré salamet nulak cilaka, samalah mangsina gé biasana mah maké sarat. Maké madu atawa minyak kasturi, gumantung kana aturan panditana. (R.H.Hasan Mustapa)