Buka ménu utama

Juz 30, atawa anu leuwih kasohor minganka Juz ‘Amma (Arab: جز عمّ‎), nyaéta juz pang tungtungna dina Al-Quran. Eusina nyaéta surat anu ka 78 nepi ka 114. Juz ieu dinamian amma ku sabab ngarujuk kana kata kahiji dina juz ieu nyaéta عم (trans: 'amma) dina surah An-Naba' ayat hiji.

Hampir kabéh surah dina juz ieu téh surah-surah pondok anu diturunkeun di Mekkah (Makkiyah). Ngan ukur aya tilu surah anu diturunkeun di Madinah (Madaniyah) nyaéta surah Al-Bayyinah, Az-Zalzalah, jeung An-Nasr. Surah anu boga ayat pang lobana dina juz ieu nyaéta Surah An-Nazi'at (46 ayat), Surah 'Abasa (42 ayat), jeung Surah An-Naba (40 ayat). Surah Al-Quran anu pang pondokna ogé aya di juz ieu nyaéta Surah Al-Kausar anu panjangna ngan 3 ayat.

Umumna, surah-surah dina juz ieu dibaca ku imam sanggeus maca Surah Al-Fatihan dina mangsa solat, boh éta solah wajib (Subuh, Magrib, Isya) boh solat sunaah berjamaah (Tarawih atawa Witir). Di Indonesia, juz 30 biasana dicitak jadi buku sorangan anu dijudulan Juz Amma. Eusina ngan ukur nyantumkeun surah-surah juz 30 hungkul.

Pengajaran Juz AmmaÉdit

Pendidikan di Indonésia awalna ngan mangrupa pengajaran Islami anu teu formal tur teu boga struktur nu diselengarakeun ku pasantrén. Sistem pengajaranna béda-béda di unggal pasantrén sakumaha kurikulum anu dijieun mandiri ku tiap-tiap lembaga éta. Pengajaran museur ka sosok kyai atawa ulama. Sanajan kitu, pasantrén jadi lembaga hiji-hijina anu nyadiakeun pendidikan dasar jeung pendidikan luhur jang masarakat dina wanci éta.

Awalna kabéh murid diajarkeun dasar-dasar maca huruf Arab. Tujuanna méh kabéh siswa bisa lancar maca Al-Quran. Bagian Al-Quran anu mimiti di pelajari nyaéta Juz Amma ku sabab eusina surah anu parondok. Siswa anu geus réngsé maca Juz Amma ngalanjutkeun aosana ka juz anu séjén. Sing saha murid anu berhasil ngaréngsékeun 30 juz Al-Quran, bakal dijieunkeun upacara kelulusan jang ngarayakeun kaberhasilan éta[1].

Nepi ka kiwari, juz amma masih dianggap minangka gerbang jang diajar Al-Quran. Sanggeus namatkeun iqra, biasana siswa dijarkeun maca juz amma saacan langsung maca Al-Quran anu utuh.métodeuieu masih réa dipaké boh di pasantrén boh di sakola, terutama di daérah-daérah di Pulo Jawa[2][3].

RéférénsiÉdit

  1. Altbach, Philip G.; Umakoshi, Toru (2004-12-10). Asian Universities: Historical Perspectives and Contemporary Challenges. JHU Press. ISBN 9780801880377. 
  2. KAFIN, JALADRI ,. "SISTEM PENGAJARAN AL-QUR‟AN PONDOK PESANTREN TA‟MIRUL ISLAM SURAKARTA (Studi metode 5 marhalah/tingkatan pembelajaran Al-Qur‟an)". eprints.ums.ac.id. Diakses tanggal 2018-11-27. 
  3. Falah, Ahmad (Juli-Desember 2015). [http://journal.stainkudus.ac.id/index.php/thufula/article/download/1285/pdf "SISTEM PONDOK PESANTREN TAHFIZH AL-QUR’AN ANAK-ANAK YANBU’ ALQUR’AN KUDUS JAWA TENGAH"]. Jurnal STAIN Kudus. http://journal.stainkudus.ac.id/index.php/thufula/article/download/1285/pdf. Diakses pada 27 November 2018.