Buka ménu utama

K.S. Kostaman (gumelar di Garut, 27 Maret 1931 – tilar dunya di Bandung, 12 Désémber 1995 dina umur 64 taun) nyaéta wartawan sarta ahli dina padalangan wayang golék. Salian ti éta, K.S. Kostaman, ogé bisa disebut pangarang.[1]

K.S. Kostaman
Gumelar27 Maret 1931
Walanda Garut, Jawa Kulon, Hindia-Walanda
Maot12 Désémber 1995 (yuswa 64)
Indonésia Bandung, Jawa Kulon, Indonésia
PagawéanWartawan

Baheulana kungsi disakolakeun di Pasantrén Babakancau, Cibatu, Garut ku nu jadi kolotna. Ku sabab anjeunna sakobong jeung anak dalang wayang kulit anu miboga loba buku-buku carita wayang, antukna Kostaman réa diajar ngeunaan pawayangan. Waktu sakola di SMP (1949), tulisanana kungsi dimuat dina Rohangan Barudak Pajajaran. Satamatna sakola SMP (1950), anjeunna pindah ka Bandung pikeun digawé salaku loper koran, satuluyna kungsi ogé jadi koléktor jeung wartawan dina koran Harian Indonesia, tapi teu kungsi lila, nalika tempat digawéna ditutup, anjeunna pindah ka majalah Sipatahoenan nu sarua diterbitkeun ku PARKI. Sanggeus Sipatahoenan teu terbit deui, anjeunna ngalaman jadi rédaktur di Harian Karya, Mingguan Padésaan, Gala, Giwangkara, jeung Bandung Pos. Salian ti éta, dina taun 1959, Kostaman ogé kungsi ngalaman jadi rédaktur Sunda RRI Bandung anu kabagéan pikeun ngatur siaran wayang golék. Hal anu biasa dilaksanakeun ku anjeunna téh di antarana saperti nulis lalakon carita wayang jeung méré saran atawa kamandangna ka dalang-dalang nu anyar ngalaksanakeun pintonan atawa pagelaran. Anjeunna digawé di RRI Bandung nepi ka mangsa pengsiunna (1961–1987). Satuluyna Kostaman ogé kungsi jadi pangaping/pamingpin anu ngokolakeun acara Ngundang Luang tina Wayang nu réa dipikaresep. Dina taun 1950, anjeunna ogé kungsi jadi anggota ISSI (Ikatan Seniman Sunda Indonesia) tur diangkat jadi pangurus nu ngokolakeun bagéan padalangan. Taun 1960, Kostaman jadi salah saurang anu ngadegkeun Yayasan Padalangan jeung R.U. Partasuanda ogé R.A. Darya. Anjeunna ogé miboga gagasan anu alus, sangkan dalang wayang golék anu hadé dibéré pangajén Bokor Kancana Astagina, nu dilaksanakeun dina taun 1968.[1]

Kostaman ogé réa nulis atawa nganggit guguritan jeung carpon, biasana hasil tulisanana sok dimuat dina Majalah Sipatahoenan, Majalah Manglé, jsb. Salian ti éta, Kostaman ogé sok rajeun jadi hotib dina hutbah Jumaah.[1]

RujukanÉdit

  1. a b c Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431.