Istilah kabuyutan dina budaya Sunda sahanteuna geus aya ti munggaran abad ka-11 M. Prasasti Cibadak nu dijieun kira taun 1006-1016 M, ngunggelkeun yén Prabu Sri Jayabupati (salaku Raja Sunda) geus netepkeun sawaréh ti wewengkon walungan Sanghyang Tapak (waktu harita) salaku kabuyutan, nyaéta tempat nu mibanda pantangan nu kudu diturut ku sakabéh rahayatna. Unina kieu,

Sanghyang Tapak
"Salamet, dina taun Saka 952 bulan Kartika tanggal 12 bagian terang poé Hariyang-Kliwon-Ahad wuku Tambir. Ieu nalika raja Sunda Maharaja Sri Jayabhupati Jayamanahen Wisnumurti Samarawijaya Sakalabuanamandaleswaranindita Harogowardana Wikramotunggadewa nyieun tanda di wétaneun sanghyang tapak, dijieun ku Sri Jayabhupati Raja Sunda jeung ulah aya nu ngarumpak katangtuan di walungan ieu. Ulah aya nu néwak lauk di walungan belah dieu ti wates wewengkon kabuyutan sanghyang tapak béh hulu…………"

Istilah kabuyutan salajéngna aya dina naskah kuna Sunda titinggal abad ka-13 M, nyaéta naskah Ciburuy atawa Naskah Galunggung nu katelah Amanat Galunggung atawa Amanat Prabu Guru Darmasiksa.

Dina naskah Bujangga Manik, istilah kabuyutan téh nujul ka tempat-tempat ritual kaagamaan.

Rabut Palah
kabuyutan Majapahit
nu disembah ku na Jawa

Sumber rujukan édit