Buka ménu utama
Paimahan di Kampung Naga

Kampung Naga mangrupa kampung adat Sunda-Islam nu sacara administratif asup ka wewengkon Désa Néglasari, Kacamatan Salawu, Tasikmalaya, nu legana kira 4 ha. Kampung Naga perenahna lebakeun ti jalan gedé nu nepungkeun daérah Garut jeung Tasikmalaya, henteu jauh kurang leuwih 30 km deui ka Kabupatén Tasikmalaya jeung 26 km ti kota Garut.[1]

Eusi

AdatÉdit

Béda ti masarakat adat ilaharna, urang Kampung Naga mah campur jeung masarakat modéren, ngagem Islam, tapi masih pengkuh miara adat karuhun. Dina hiji sisi masarakatna bisa narima kamodérenan kayaning ayana tipi, listrik, jeung sajabana, tapi dina sisi séjén maranéhna tetep nyepeng adat karuhunna (wangunan imah panggung tina anyaman awi, hateup injuk, miara leuweung, melak paré variétas lokal, jsb.). Numutkeun Ahman Sya, salah saurang guru besar UNSIL Tasikmalaya, pengkuhna masarakat Kampung Naga téh utamana mah dina hal taat hukum, gotong royong, jeung basajan (teu konsumtif).

Di antara upacara adat nu dilaksanakeun di Kampung Naga nyaéta:

  • Upacara poé-poé Islam
  • Mulud atawa Alif ku ngayakeun Pedaran (macakeun sajarah karuhun) nu dimimitian ku mandi di walungan Ciwulan.

Rupa wangunanÉdit

Wangunan di Kampung Naga boh imah, masjid, balé patemon, atawa leuit bentukna sarua. Luhurna ditutupan ku hateup jeung injuk (tutup wuwung). Pindingna tina bilik sedengkeun pantona tina serat hoé, kabéhanana nyanghareup ka kalér atawa kidul. Ornamén arsitéktur has Kampung Naga nu lianna nyaéta susunan batu nu rapih.

Objék wisataÉdit

Kampung Naga mangrupa salah sahiji objék wisata di Tatar Sunda nu loba dijugjug ku wisatawan jero jeung luar negri, rata-rata kana 40 rébuan urang per taun.

Bacaan salajengnaÉdit

  • Ahman Sya (2004), Masyarakat Kampung Naga Tasikmalaya.

Dicutat tinaÉdit

  1. Maria, Siti; Rosyadi,Dewi Indrawati,Renggo Astuti. Sigit Widiyanto, ed. Sistem Keyakinan Pada Masyarakat Kampung Naga dalam Mengelola Lingkungan Hidup (Studi Tentang Pantangan dan Larangan).  Text "year 1995" ignored (bantuan);