Kejawen
Kejawén (Jawa Kejawén) mangrupa hiji kapercayaan anu diagem ku masarakat di pulo Jawa ku urang Jawa jeung séké sélér lian nu netep di Jawa. Hakékatna kejawén mangrupa hiji filsafat nuaya saprak urang Jawa (dina basa Jawa: Wong Jawa ꦮꦺꦴꦁꦗꦮ, Krama: Tiyang Jawi ꦠꦶꦪꦁꦗꦮꦶ) éta aya. Ieu hal bisa ditempo tina ajaranna anu universal jeung jeung salaasna raket jeung agama anu diagem sapopoéna. Buku jeung naskah kuna Kejawén teu ngécéskeun ajaranna salaku ajaran agama sanajan geus lajuning lakuna. Kejawén ogé teu bisa dipisahkeun tina agama sabab filsafat Kejawén didadasaran ku ajaran agama anu diagem ku filsuf Jawa.
Ti jaman baheula, urang Jawa ngaku manunggalna Alloh Swt. kalawan jadi inti ajaran Kejawén, nyaéta ngarahkeun manusa Sangkan Paraning Dumadhi (cahayana. "Ti mana datang jeung mulang téh ka Gusti") jeung ngawangun insan anu tuhu ka gusti : Manunggaling Kawula lan Gusthi ("Ngahijina manusa jeung Gusti"). Tina éta kamanunggalan , ajaran Kejawén miboga misi ieu di handap.
- Mamayu Hayuning Pribadhi (salaku rahmat keur diri pribadi)
- Mamayu Hayuning Kaluwarga (salaku rahmat keur kulawarga)
- Mamayu Hayuning Sasama (salaku rahmat keur sasama manusia)
- Mamayu Hayuning Bhuwana (salaku rahmat keur alam)
Étimologi
éditKecap "Kejawén" asalna tina kecap "Jawa", nu hartina dina basa Indonesia mah "sagalana nu patali jeung adat istiadat atawa kapercayaan Jawa (Kajawaan)". Tata ngaran "kejawén" téh geus ilahar, sabab basa panganteur dina ibadah ngagunakeun basa Jawa. Dina konteks umum, Kejawén salaku falsafah nu geus tangtu ajaran utamana dina ngawangun Tatakrama (aturan hirup nu mulya).[1]
Kejawén dina opini umum eusina ngeunaan seni, budaya, tradisi, ritual, sikep jeung filosofi urang Jawa. Kejawén miboga harti spiritualistis atawa spiritualistis séké sélér Jawa, laku olah spiritualis kejawén anu utama nyaéta Pasa (puasa) atawa Tapa (tapa).[1]
Sababaraha Madhab kejawén
éditAya ratusan golongan kejawén anu neueulkeun ajaranana béda-béda. Ieu di handap sababaraha golongan anu miboga pangagem anu loba.
- Padepokan Cakrakembang
- Sumarah Purbo
- Budi Dharma
- Maneges
- Pangestu
Golongan anu réaktif misalna anu tumut kana ajaran Sabdopalon anu hayang malikkeun agama urang Jawa kana Agama Budi anu dianggap salaku agama pituin nurutkeun Sabdapalon, atawa ngagem ajaran syékh Siti Jenar anu mangrupa ajaran/Aliran Islam kalayan dianggap sesat Wali Sanga.
Pustaka
éditBuku
- Direktur Kepercayaan terhadap Tuhan Yang Maha Esa (2010). Ensiklopedia Kepercayaan terhadap Tuhan yang Maha Esa (PDF). Jakarta: Direktorat Jenderal Nilai Budaya, Seni, dan Film Direktorat Kepercayaan terhadap Tuhan yang Maha Esa.
- Endraswara, Suwardi (2015). Agama Jawa: Ajaran, Amalan, dan Asal-Usul Kejawen. Yogyakarta: Narasi-Lembu Jawa.
- Pamungkas, Ragil (2006). Lelaku dan Tirakat. Yogyakarta: Narasi.
Esai
- Endraswara, Suwardi (Maret 2011). "Klenikologi: World Charm and Fine Dissident Among Javanist Received by Trust". Paper for International Seminar on Exploring Noble Values of Local Wisdom and Prime Javanese Culture to Strengthen the Nation Identity UNS Surakarta. https://staffnew.uny.ac.id/upload/131872518/penelitian/unspdf.pdf. Archived 2023-09-07 di Wayback Machine
Jurnal
- Zuhdi, Muhammad Bayu; Kalangie, Daniel; Imawan, Satria Aji (Juni 2022). "Religious Freedom of Indigenous Beliefs in Yogyakarta, Indonesia". Jurnal Shahih 7 (1). ISSN 2527-8126. https://ejournal.uinsaid.ac.id/index.php/shahih/article/view/5038. Archived 2023-09-07 di Wayback Machine
Tumbu ka luar
édit- (Basa Inggris) JagadKejawen – The Javanese Culture & Spirituality
- (Basa Inggris) Kejawen – Kawruh & Spiritual Jawa
- (Basa Inggris) [1]
- A center for Javanese Metaphysics and Kundalini Yoga
- Sumarah
- Introducing to Javanese moral behavior, etiquettes & tradition Archived 2012-11-16 di Wayback Machine
- Enter the Book of Being
- SUMARAH:A STUDY OF THE ART OF LIVING
- IndaNehsia.com, Religion at Java Archived 2013-12-30 di Wayback Machine
Cutatan
édit- ↑ a b Pressindo, Media (2006). Kejawen: jurnal kebudayaan JawaPressindo. Yogyakarta: Universitas Negeri Yogyakarta. Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. p. 62. Disungsi18 Mei 2024