Kelom Geulis, salah sahiji alas suku awewe nu dijieun tina kai sarta kulit.[1] Di bagian kénca sarta katuhu alas suku anu dijieun tina kai dihias ku pola pilin anu ganda atawa alur tutuwuhan paku sarta dibéré cét sangkan katingali hérang.[1] Di bagian kulit atawa bagian luhurna dihiasan ku pola kekembangan.[1] Bagian hareup ukuranana antara 2½ cm-3 cm, di bagian tukang antara 4–5 cm.[1] Antara taun 1950-1952 para mojang ngarasa gumbira sarta reueus maké kelom geulis anu dawam maranéhanana maké kelom dina kasempetan indit-inditan atawa pésta.[1] Kelom geulis anu kasohor dina waktu éta jieunan Tasikmalaya.[1] Pasanganna jeung lawon (sinjang) sarta Kabaya Bandung.[1] Pola lawonna téh mega mendung atawa rereng.[1]

Sajarah édit

Istilah kelom asalna ti basa Walanda klompen anu hartina sendal anu dijieun tina kai, sedengkeun geulis asalna ti basa Sunda, dicokot tina wangunna anu éndah sarta nambahan katempo geulis pamakéna.[2] Toko kelom geulis diadegkeun ku Thio Keng Siang saprak taun 1942 di Chinese Voorstart (Jalan Pecinan nu heubeul) sarta ayeuna di Jalan Cihampelas.[2] Kecap Keng dina ngaran toko dicokot ti ngaran tengah pangadegna.[2] Sanajan kelom di pasaran keur turun saprak taun 1960an , kelom geulis henteu eureun kitu waé, komo ayeuna mimiti dipikaresep deui, hususna minangka kenang-kenangan barang seni, alatan rarancang sarta wangun wanda hiasna disaluyukeun kalayan kamekaran dunya dina pola-pola sendal.[2] Komo kelom geulis dipilih ti bahan kai nu kualitasna hadé kawas Mahoni, Jamuju, sarta Kidamar sangkan tahan lila.[2]

Rujukan édit

  1. a b c d e f g h (id)Rosidi,Ajip.dkk.Ensiklopedi Sunda:Alam,Manusia,dan Budaya.Pustaka Jaya.Jakarta.2000. Kaca 340
  2. a b c d e Katam,Sumarsono. Bandung Kilas Peristiwa di Mata Filatelis Sebuah Wisata Sejarah.Kiblat.Bandung.2006. Kaca 386