Koja nyaéta kantong beunang nganyam/ngajujut anu dijieun tina kulit kai beunang ngagintir atawa ngarara, dipaké paranti mawa barang anu henteu pati gedé.[1] Koja dipakéna ku jalan disoréndangkeun kana taktak, baheula mah koja téh dimangpaatkeun pikeun mawa bekel mangsa miang ka kebon, huma, leuweung atawa ka sawah, kitu ogé pikeun ngawadahan barang balanjaan mangsa indit ka pasar.[2]

Sabangsa koja nu dijieun tina hoé

Taya lian urang Baduy anu ngamumulé kamonésan nyieun kantong koja nepi ka kiwari.[3] malahan ku juljolna warga saluareun baduy anu ngadon arulin ka éta daérah baduy, geus mantuan ngaronjatkeun hasil jujutan kantong koja anu engkena baris dijual pikeun oléh-oléh jeung kagegelan séjénna.[3] Koja dijieun tina kulit tangkal teureup atawa kantéh bisa dicelep atawa henteu, gumantung pangaresep.[4] urang Baduy nyieun kantong koja ngan sakadar ngeusi waktu mangsa rinéh balik ti sawah atawa huma.[4]

Dicutat tina édit

  1. Rigg, Jonatha (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Universitas Harvard. 
  2. Dibrata, R.A. Dana (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. ISBN 9793631937. 
  3. a b Maria, Siti (2007). Studi Tentang Religi Masyarakat Baduy di Desa Kanekes Provinsi Banten. Jakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. 
  4. a b Kita, Harapan (2010). Busana tradisional. Bandung: Universitas Michigan.