Korang aya ogé anu nyebut kempis nyaéta wadah lauk tina anyaman tangkal awi sok disorén kutukang ngala lauk.[1][2][3] Mawa korang ku jalan ditalian anu dibeulitkeun kana cangkéng ukuran korang henteu leuwih gedé, paling gedé ogé sapingping kolot[4].

Korang paranti nguseup

Pedaran édit

Bahan pikeun nyieun korang édit

Korang dijieun tina anyaman tangkal awi anu dibeulahan ipis tur diraut, ditempo tina jujutanna anyaman aya dua rupa : anyaman anu ka luhur jeung anyaman anu kagigir, Awi anu dianyam kaluhurna disebut jarugjug sangkan leuwih kuat dijieun tina hinis/kulit tangkal awi anu dibeulah ipis kurang leuwih sagedé cingir. Anyaman anu kagigirna disebut (jalujur) dijieun tina daging awi meunang ngaraut sagedé nyéré atawa sagedé paniir saté. Antara jarugjug jeung jarugjug di ayam rada carang kurang leuwih diliwatan sajarugjug, sedengkeun jalujur di ayam kagigir leuwih kékép jadi katémbongna korang leuwih seseg. Beulah handap korang dianyam carang saukuran jeung jarugjug.[4].

Pangawakan korang édit

Korang kawas botol liangna tiluhur rada buleud tuluy ngaleutikan palebah beuheungna, ngagedéan deui palebah taktakna nepika handap semu gepéng. Beuheung korang dianyam leuwih kékép ti batan awakna, dina liang korang (paranti ngasupkeun lauk) dipasang panutup anu bisa dilaan jeung dipasang disebutna seuweu, nyaéta anyaman carang anu dijieun kawas pitapak (perangkap) sangkan lauk anu diasupkeun kana korang henteu bisa luncat deui kaluar[4].

Dicutat tina édit

  1. Tatakrama: (undak-usuk) basa Sunda, Adang S. Pustaka Adhigama, 1992, kaca 63
  2. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 
  3. Peperenian urang Sunda, Rachmat Taufiq Hidayat, Kiblat Buku Utama, 2005, kaca 40
  4. a b c Rumahbacabukusunda, Korang, Mamat Sasmita, ditempo 8 Juni 2016

Tutumbu kaluar édit

  1. Korang jeung istilahna
  2. Karajinan korang Archived 2016-08-01 di Wayback Machine
  3. Pakakas nguseup
  4. Korang urang Jepang
  5. Rupa-rupa korang