The Old Man and the Séa (basa Sunda: Aki-aki Jeung Laut) nyaéta hiji novella (novel pendek) nu ditulis ku jurnalis Amerika Serikat Ernest Hemingway, ditulis di Kuba taun 1951 jeung diterbitkeun taun 1952. Karya ieu minangka karya fiksi terakhir panghadéna nu ditulis jeung diterbitkeun dina tenggang waktu hirupna. Buku ieu minangka salah sahiji karyana nu sohor. Buku ieu nyaritakeun hiji pamayang kolot nu ngarana Santiago. Karakter utama buku ieu, Santiago nyaéta pamayang nu geus aki-aki, dicaritakeun dina buku ieu, Santiago keur usaha naklukeun hiji lauk raksasa marlin di tengah arus laut di wilayah Teluk Meksiko.[1] Ieu karya mangrupa karya nu mintonkeun kumaha maherna Hemingway dina dunya nulis. Karya ieu gé jadi salah sahiji faktor nu diitungkeun dina penghargaan Nobel Sastra keur Hemingway dina taun 1954.[2]

The Old Man and the Sea  
PanulisErnest Hemingway
NagaraAmérika Sarikat
BasaInggris
RupaNovella
Nu medalkeunCharles Scribner's Sons
Kaping dimedalkeun1952
Wangun médiaSampul teuas
Kaca93
ISBN978-0-684-80122-3

Kasang Tukang jeung publikasi

édit

Ieu novel pendek mimitina dimuat dina Majalah Life edisi 1 September 1952. 5,3 juta kopi terbitan éta majalah béak dina waktu dua poe. éta tulisan loba nu méré kritik positif di antara saeutik kritik nu kurang sapagodos jeung eusi éta tulisan.

Ringkasan cerita

édit

Lalaki Kolot jeung laut nyaritakeun kapahlawanan hiji pamayang kolot nu geus legok tapak genteng kadek dina naklukeun hiji lauk Marlin raksasa. Ieu lauk marlin bisa disebutkeun lauk nu panggedéna nu kungsi katewak ku manéhna. Dongeng ieu dimimitian ku carita yén hiji pamayang nu ngarana Santiago geus salila 84 poé (dina carita kanyahoan saenyana 87 poe) teu hasil newak lauk hiji-hiji acan. Katingalina Santiago geus béak untungna tepi keun ka muridna nu ngarana Manolin ku kolotna dilarang lalayaran deui jeung manéhna sarta ditiah guguru ka pamayang séjén nu leuwih hadé. Tapi Manolin tetep babakti kanu jadi guru. Mun poé geus peuting, Manolin sok datang ka saung Santiago, ngangkatan alat-alat newak laukna, ngirim kadaharan jeung ngobrol ngeunaan bisbol Amérika jeung éta aki-aki. Santiago nyaritakeun ka Manolin yén dina poé isukna, manéhna erek balayar jauh ka tengah teluk supaya meunang lauk. Maehna yakin yén nasib gorengna bakal tereh sirna.

Dina poé ka-85, Santiago balayar sorangan maké parahu leutik jauh ka tengah teluk Meksiko. Sanggeus tepi ka tempat nu di tuju di tengah teluk, manéhna tuluy masang useup. Teu lila useupna disangut ku hiji lauk raksasa nu disangka lauk marlin téa. Santiago geus pasti teu bisa narik éta lauk ku sabab raksasa téa, malahan parahuna kalahkah kabawa ku éta lauk. Dua poé dua peuting manéhna dibabawa ku éta lauk. Salila eta, manéhna tetep nyekel tali useupna kalayan hésé beleke. Sangkilang Santiago ngarasa nyeri pisan jeung tatu ku sabab perjuangana ngéléhkeun éta lauk, Santiago lalaunan ngarasa nyaah, jeung ngahargaan ka lawanna nyaéta lauk marlin téa. Ku sabab eta, Santiago sok nyebut éta lauk dulurna. manéhna mutuskeun ku sabab martabat éta lauk gedé, euweuh saurang ogé nu pantes ngakan éta lauk.

Dina poé katilu, si lauk mimiti ngurilingan parahu Santiago. Hal ieu nyirikeun yén éta lauk geus ngarasa cape. Tapi Santiago gé teu jauh beda. manéhna geus mimiti béakeun tanaga, gundam keur sare, jeung ampir-ampiran jadi gelo. Tapi akhirna manéhna ngaluarkeun tanaga sesa narik jeung numbak éta lauk tuluy ditalian dina sisi parahuna.

Santiago sanggeus nalian laukna dina sisi parahu, tuluy weh balik ka darat. Di tengah jalan, manéhna ngalamun sakumaha gedé untung nu bakal ditarima ku manéhna. Jeung sakumaha jalma nu bisa ngarasakeun kumaha nimatna daging lauk marlin. ku sabab éta lauk tadina ditumbak maké harpun jadina éta lauk ngaluarkeun getih nu narik datangna hiu. Hiu nu mimiti datang nyaéta hiu mako nu ku Santiago dipaehan ku harpuna. Hal ieu ngakibatkeun harpuna leungit ka dasar laut. Saterusna manéhna nyieun harpun tina peso jeung dayung nu ku manéhna digunakeun keur ngusir hiu-hiu nu séjén. Lima hiu hasil dipaehan ku manéhna, jeung hiu nu séjén kabur. Tapi dina waktu peuting hiu-hiu datang deui jeung ngakan bangke marlin nyesakeun rorongkongna wungkul kaasup tangkurak marlin nu masih kénéh aya harpunan nu nyeceb. Santiago kacida sedihna. manéhna ngarasa geus ngorbankeun éta marlin. Akhirna manéhna nepi di basisir. Hese beleke manéhna ngangkat tihang layar tuluy balik ka saungna. manéhna tuluy sare di ranjangna.

Isukna, sakelompok pamayang ngarumpul dina hiji parahu nu aya rorongkong lauk marlin. Hiji pamayang ngukur panjangna ti mimiti moncong tepi ka buntut nyaéta aya 18 kaki (5,4 meter). Ku sabab badagna, salah sahiji turis nu keur nyaneut di kafe nu aya di dinya nyangka éta téh lauk hiu. Manolin nu terus-terusan ngarasa hariwang buru-buru ka saung Santiago. Barang ninggali Santiago keur sare, manéhna ceurik balilihan ku sabab sedihna. Tuluy Manolin mawa koran jeung kopi keur Santiago. Barang Santiago hudang, Manolin janji yén manéhna bakal balayar deui ngala lauk jeung Santiago. Pas Santiago sare deui, manéhna ngimpi ngeunaan singa di basisir Afrika.

Simbulisme karakter

édit

Lalaki Kolot jeung Lautbébas diinterpretasi. Hemingway nekenkeun yen:

"No good book has ever been written that has in it symbols arrived at beforehand and stuck in. ... I tried to make a real old man, a real boy, a real sea and a real fish and real sharks. But if I made them good and true enough they would mean many things".[3]

Terjemahan: "Euweuh buku alus nu pernah ditulis nu make simbul-simbul nu geus aya samemehna dina pikiran... Kuring nyoba nyaritakeun aki-aki saenyana, budak lalaki saenyana, lauk saenyana jeung hiu saenyana. Tapi mun kuring dianggap alus ngagambarkeunana, sakabeh éta bisa diartikeun naon wae.".

Penghargaan jeung nominasi

édit

Lalaki kolot jeung Laut loba pisan dipuji. Gara-gara ieu novella Hemingway meunangkeun Pulitzer dina taun 1953 kategori fiksi. manéhna ogé meunang Award of Merit Medal keur tulisan ieu ti American Academy of Letters dina taun éta kénéh. Penghargaan nu pangluhurna nyaéta Nobel Sastra dina taun 1954. Catetan dina hadiah nobelna nyaéta "keur kamaheran dina seni narasi nu diantarana ditunjukeun dina Lalaki Kolot jeung LutLelaki Tua dan Laut, sarta keur pangaruh penting nu dikontribusikeun dina gaya nulis dina waktu eta."[2]

Referensi

édit
  1. Hemingway, Ernest (1952). The Old Man and the Sea. New York: Charles Scribner's Sons.  hardcover: ISBN 0-684-83049-3, paperback: ISBN 0-684-80122-1
  2. a b "The Nobel Prize in Literature 1954". The Nobel Foundation. Diakses tanggal January 31. 
  3. "An American Storyteller" Archived 2013-05-21 di Wayback Machine, Time, July 7, 1999

Rujukan

édit
  • Young, Philip (1952). Ernest Hemingway. New York: Holt, Rinehart, & Winston. ISBN 0-8166-0191-7. 
  • Jobes, Katharine T., ed (1968). Twentieth Century Interpretations of The Old Man and the Sea. Englewood Cliffs, New Jersey: Prentice Hall. ISBN 0-13-633917-4. 
  • "Michael Palin's Hemingway Adventure: Cuba". PBS. Diakses tanggal January 21. 
  • Ivan Kashkin (1959). Commentary (in Ernest Hemingway - Selected works in two volumes). Moscow: State publisher for literature. 

Sawala luar

édit