Lembaga Penerbangan dan Antariksa Nasional

Lembaga Penerbangan dan Antariksa Nasional, nu disingket LAPAN, nyaéta lambaga Pamaréntah Non Departemén Indonésia anu mibanda tugas ngalaksanakeun pancén pamaréntahan dina widang panalungtikan sarta pangembangan kadirgantaraan sarta pamangfaatanana. Lambaga ieu kiwari dipupuhuan ku DR.Ir. Adi Sadewo Salatun, M.Sc..

Lambang LAPAN

Kronologi Ngadegna LAPAN

édit
  • 31 Méi 1962 dijieun Panitia Austronautika ku Mentri Kahiji RI, Ir. Juanda (minangka Pupuhu Déwan Penerbangan RI) sarta R.J. Salatun (minangka Sekertaris Déwan Penerbangan RI);
  • 22 Séptémber 1962 dijieun Proyék Rokét Ilmiah sarta Militér Munggaran (PRIMA) nu afiliasi ka AURI sarta ITB. Proyék PRIMA hasil nyieun sarta ngapungkeun dua rokét séri Kartika lengkep jeung telemétrina dina taun 1964;
  • 27 Nopémber 1963 dijieun Lembaga Penerbangan dan Antariksa Nasional (LAPAN) ngaliwatan Kaputusan Présidén (Keppres) Nomer 236 Taun 1963 ngeunaan LAPAN, pikeun ngalambagakeun palaksanaan program-program pangwangunan kadirgantaraan nasional;
  • Panyampurnaan organisasi LAPAN geus dilaksanakeun ngaliwatan sawatara Keppres, anu pamungkasna nyaéta Keppres Nomer 9 Taun 2004.

Sajarah Satelit Indonésia

édit

Taun 1980-an

édit

Percobaan ngapungkeun muatan rokét misi komunikasi radio amatir dina taun 1982. Percobaan ieu dipigawé ku LAPAN babarengan jeung Organisasi Amatir Radio Indonésia (Orari). Opat rokét diapungkeun saluhur 30 kilométer bari mawa pamancar radio anu dijalankeun dina frékuénsi amatir 146.500 MHZ kalayan daya sagedé 2 watt. Dua rokét ieu hasil ngirimkeun sinyal radio nu eusina data météorologi sarta data olahan rokét nu mangrupa runtuyan nada (kodeu) ka setasiun Orari anu sumebar di Jawa Kulon, Jakarta, Jawa Tengah, Sumatera Kidul sarta Kalimantan.

Taun 1990-an

édit

Percobaan ngapungkeun konséntrator antariksa (digipéater) dina taun 1996. Konséntrator antariksa (konsénsa) dina dasarna mangrupa komputer anu boga fungsi minangka flying mail box sarta router pikeun komunikasi kalayan mode store and forward. Satelit ieu dijieun sabagé jalan kaluar pikeun pasualan jaringan komunikasi anu geus mimiti macét dina mangsa ieu. Minangka router, konsénsa baris nyieun rute surat-surat éléktronik ti hiji node ka node séjénna luyu jeung tujuan anu ditetepkeun. Minangka flying mail box, konsénsa baris nyimpen koropak-koropak data anu dikirim dina diréktori hard disk (store) sarta saterusna ngirimkeunana ka tujuan anu geus ditangtukeun (forward).

Taun 2000-an

édit

Pangembangan modél rékayasa satelit Lapsat dina taun 2001. Modél satelit ieu dirarancang supaya bisa nyumponan pasaratan operasi jiga kieu: (a) saban modél subsistem kudu integrasi, (b) gawé catu daya, muatan komunikasi data digital sarta telemetri kudu bisa dikadalikeun sapinuhna ti onboard computer.

Pangembangan modél rékayasa satelit Inasat dina taun 2003. Pangembangan Inasat boga tujuan pikeun nganalisa dinamika penerbangan, karakteristik satelit sarta karakteristik médan magnét. Ayeuna geus mimiti dipaké pakakas désain satelit antukna geus bisa dipigawé percobaan simulasi. Tina percobaan kasebut bisa dipikanyaho karakteristik orbit sarta lingkunganana, kawas radiasi panonpoé sarta pangaruh radiasi éléktron kana parabot satelit.

Perkembangan mutahir

édit

Pangembangan modél terbang satelit Lapan-tubsat/Lapan A1 dimimitian dina taun 2004. Pangembangan satelit panitén Lapan A2 dimimitian dina taun 2007 minangka fase anyar anu leuwih teuneung. Pangembangan satelit pangindra jarak jauh Lapan-b1 anu anyar, dimimitian ku dikembangkeunana imager minangka muatan satelit pikeun misi pangindra jarak jauh. Aplikasina, ngarojong program katahanan pangan nasional.

Tempo ogé

édit

Tumbu kaluar

édit