Lutung Mentawai (Presbytis potenziani) atawa sok disebut ogé Joja nyaéta spésiés primata anu kagolong kana kulawarga Cercopithecidae, sarta sub kulawarga Colobinaé. Lutung Mentawai mangrupa sato éndemik anu aya di Pulo Mentawai, Indonésia. Tempat cicing alamina aya di leuweung tropos garing atawa di leuweung subtropis. Hanjakal, ieu sato téh kaacam musnah ku sabab leuweung, tempat cicingna diraruksak ku jalma anu teu tanggung jawab.[1] Sajaba ti disebut Lutung Mentawai atawa Joja, ngaran séjén tina sato ieu nyaéta Mentawai Leaf Monkey, Golden-bellied Mentawai Island Langur, atawa Long-tailed Langur. [1] Lutung Mentawai bakal loba kapanggih di Pagai Utara, Pagai Selatan, sarta di Pulo Siberut.[1] Lutung Mentawai dibagi jadi 2 sub spésiés nyaéta Presbytis potenziani potenziani anu sumebar di Pulo Sipora, Pulo Pagai Utara jeung Pagai Selatan sarta Presbytis potenziani siberut anu sumebar di Pulo Siberut.[2]

Lutung Mentawai
Lutung Mentawai

Sistem Kawin

édit

Sok sanajan Lutung Mentawai téh kagolong kana sasatoan anu ngadahar bungbuahan, sisikian jeung kekembangan, anu biasana ngabogaan sipat poligami, tapi Lutung Mentawai anu kagolong kana Prebytis ieu ngabogaan sistem kawin monogami. Hal ieu jadi kajadian anu ngirut sarta jarang kapanggih dina monyét anu kagolong kana kulawarga ieu.[1]

Kaunikan Lutung Mentawai

édit

Lutung Mentawai kagolong kana spésiés primata anu boga rupa pangalusna.[3] Tonggongna hideung meles sarta hérang, beuteungna coklat kolot, sabudeureun beungeutna warna bodas, sarta beuheung jeung buntutna panjang hideung meles siga sutra.[3] Maranéhna kagolong kana sasatoan diurnal, anu gerakanna lolobana ujlang-ajleng jeung gugulantungan.[4] Kaunikan séjén tina Lutung Mentawai nyaéta bisa ngaluarkeun sora saméméh meleték panon poé sarta kajadian ieu téh tanda tritorial kakawasaanna.[3] Lutung Mentawai kagolong kana dalapan jenis lutung di Indonésia anu pangéndahna.[5] Kahirupan sosialna beda jeung primata séjénna, jalu jeung bikangna ngabogaan sora kalayan prilaku primitif.[5]

Populasi

édit

Populasi Lutung Mentawai kiwari éstuning matak prihatin sarta kaancam bakal musnah. Dina jangka waktu 40 taun ieu, populasina terus nyirorot nepi ka 50 persénna, akibat tina ruksakna leuwueng tempat cicing ieu sato.[6] Sajaba ti ruksakna tempat cicing asli Lutung Mentawai, utamana di Pulo Siberut, musanahna ieu sato ogé dipangaruhan ku nu moro sacara ilégal, ahirna kaayaan jumlah ieu sato téh kacida matak prihatinna.[7] [8] Baheula nu moro téh ukur ngagunakeun panah, kitu ogé pikeun ngabasmi hama, sedengkeun kiwari mah, moro téh ngagunakeun bedil angin jeung moro sato-sato primata anu geus langka. [9]Joja jadi salah sahiji spésiés prioritas anu bakal di konsérvasi dina taun 2008-2018, anu geus dipunlikasikeun ku Kementrian Kehutanan Republik Indonesia dina siaran pers nomor S.22/II/PIK-1/2008 (Kementerian Kehutanan Republik Indonesia,2008). [10]

Rujukan

édit
  1. a b c d "Presbytis potenziani". Pusat Studi Satwa Primata (dalam en-US). Diakses tanggal 2021-09-18. 
  2. Agrozine, Redaksi. "Mengenal Primata Endemik Kepulauan Mentawai, Ada Apa Saja?". Agrozine (dalam en-US). Diakses tanggal 2021-09-18. 
  3. a b c Afrillia, Dian. "Terancam Punah, Ini 4 Primata Endemik yang Menghuni Kepulauan Mentawai". www.goodnewsfromindonesia.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-09-18. 
  4. "Konservasi Primata Endemik Kepulauan Mentawai". news.tamansafari.com. Diakses tanggal 2021-09-18. 
  5. a b Agency, ANTARA News. "Kekayaan Fauna Joja atau Lutung Mentawai (Presbytis potenziani)". Antara News Sumbar. Diakses tanggal 2021-09-18. 
  6. "Populasi Lutung Mentawai". www.antarafoto.com. Diakses tanggal 2021-09-18. 
  7. "Populasi Lutung Mentawai". kompas.id. Diakses tanggal 2021-09-18. 
  8. "Inilah Empat Primata Endemik Kepulauan Mentawai. Apa Keunikannya?". Mongabay.co.id (dalam en-US). Diakses tanggal 2021-09-18. 
  9. Eri; Eri, i; i. "Populasi Empat Spesies Primata di Mentawai Menurun". Top Satu (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-09-18. 
  10. "Populasi Lutung Mentawai". kompas.id. Diakses tanggal 2021-09-18.