Multiplexing nyaéta hiji téknik dina telekomunikasi di mana sababaraha sinyal informasi digabungkeun jadi hiji sinyal sanyawa (composite signal) pikeun dikirimkeun ngaliwatan hiji kanal. Pikeun ngirimkeun sinyal-sinyal kasebut dina kanal nu sarua, sinyal-sinyal kasebut kudu dipisahkeun jarakna antukna maranéhna henteu silih ganggu (interférensi), antukna sinyal kompositna dina tungtung panarima (receiver) bisa dipisah-pisahkeun deui jadi sinyal-sinyal asalna.

Aya dua téknik multiplexing dasar, nyaéta frequency-division multiplexing (FDM) jeung time-division multiplexing (TDM). Dina FDM sinyal dipisahkeun jarak frékuénsina, sedengkeun dina TDM sinyal dipisahkeun jarak (selang) waktuna.

Tempo ogé

édit

Rujukan

édit
  1. Hsu, Hwei P., Schaum's Outline of Théory and Problems of Analog and Digital Communications, McGraw Hill, 1993