Musieum Pos mangrupa musieum nu ayana di beulah katuhu Gedung Kantor Pusat PT Pos Indonésia di Jalan Cilaki 73. Wangunanna aya disisi beulah wétan Gedung Saté.[1][2]

Arsitéktur

édit

Mimitina, wangunan anu dirancang ku arsiék J. Berger jeung Leutdsgebouwdienst ieu ngaranna Pos Telegrap dan Telepon (PTT).[3] Musieum ieu diwangun dina kaping 27 Juli 1920 anu gedongna saluas 700 meter persegi, diwangun dina lahan saluas 706 meter persegi. Ciri khas arsitéktur musieum ieu téh sarupa jeung arsitéktur Italia dina zaman Renaissance. Ayeuna Musieum ieu ogé difungsikeun pikeun kantor pos.[4]

Sajarah

édit
 

Saangeus kamerdékaan, Musieum Pos geus lima kali robah ngaran jeung lambang. Parobahan anu kahiji janten Jawatan PTT dina taun 1945 nepi ka taun 1961. Parobahan anu kadua janten PN Postel dina taun 1962 nepi ka taun 1965, dirobah deui janten PN Pos dan Giro dina taun 1965 nepi ka 1978. Teras parobahan anu kaopat nyaéta Perum Pos dan Giro dina taun 1978 nepi ka taun 1995. Tungtungna, kaping 20 Juni 1995, ngaran jeung status dirobah ti Perusahaan Umum Pos dan Giro janten PT. Pos Indonesia. Ku kituna, ngaran musieum ogé dirobah ti Museum Pos dan Giro janten Musieum Pos nepi ka ayeuna.[4][5]

Sistem Kode Pos Indonésia diresmikeun dina kaping 27 Séptémber taun 1982, bareng jeung kagiatan Pameran Pos dan Giro pikeun internal Perum Pos dan Giro ku Diréktur Utama Perum Pos dan Giro. Sataun ti éta, dina kaping 27 Séptémber 1983, diresmikeun Musieum Pos dan Giro ku Achmad Tahir salaku Menteri Pariwisata, Pos dan Telekomunikasi. Dina kaping éta ogé aya parayaan Hari Bakti Postel ka 38.[5]

Koléksi

édit

Muséum geus mibanda koleksi wanda-wanda jeung peralatan nu aya hubunganna jeung prosés sajarah pos ti mangsa ka mangsa, salila lima mangsa pamaréntahan. nyaéta ti mangsa Kumpeni jeung Bataafsche Republiek (1707-1803), mangsa pamaréntahan Daendels (1808-1811), mangsa pamaréntahan Inggris (1811-1816), mangsa pamaréntahan Hindia Walanda (1866-1942), mangsa Jepang (1942-1945) jeung mangsa Kamerdikaan.[2]
Basa aya pamindahan kakuasaan Indonésia ti Walanda ka Jepang, Musieum Pos sarta koléksina teu kaurus.[3]

Musieum ieu pikeun masarakat umum anu koleksina nyaéta prangko-prangko ti Indonesia jeung luar negeri. Dina basa Perang Dunya kadua, musieum ieu teu kaurus. Dina kaping 18 Désémber taun 1980, Direksi Perum Pos dan Giro ngabentuk Panitia Persiapan Pendirian Museum Pos dan Giro anu tugasna nyaéta ngumpulkeun benda-benda anu aya nilai sajarahna anu badé dijadikeun eusi musieum. Musieum éta téh teu saukur ngan miboga prangko-prangko waé, tapi ogé poto-poto, pakakas pos jeung sajabana. Saangeus gawé dina sasih-sasih saterasna, panitia téh tiasa ngumpulkeun sababaraha benda anu badé dipamérkeun pikeun masarakat umum dina kagiatan Pameran Pos dan Giro anu dilaksanakeun dina 27 Séptémber taun 1982.[5]

Keur kamudahan pangunjung, materi koleksi dibagi dina tilu kelompok saluyu jeung sipatna. Kelompok Sajarah, Kelompok Filateli, jeung Kelompok Pakakas Pos.[2] Koléksi sajarah nyayogikeun informasi ngeunaan sajarah museum ti mimiti nepi ka zaman ayeuna. Koléksi filatéli patali jeung prangko anu mana jalma anu resep ngumpulkeun prangko disebat filatélis, nepi ka ayeuna aya 131 juta prangko, boh ti Indonésia, boh ti luar negeri. Koléksi pakakas layanan pos sapertos timbangan pakét, pakakas keur nyitak prangko, serat-serat penting, armada anu nganterkeun serat, jeung sajabana.[6]

 

Prangko

édit

Musieum Pos miboga koléksi prangko anu kahiji di dunya anu ngaranna Penny Black. Prangko éta ditémpél di dinding jeung aya tulisan The Penny Black anu diterbitkeun ku pamaréntah Inggris dina kaping 6 Mei 1840. Prangko éta dijieun dumasar kana idé ti salah sahiji guru di Inggris, Rowland Hill. Dina prangkona, aya gambar beungeut Ratu Victoria (1819 – 1901). Prangko Penny Black dicitak ku warna hideung jeung aya tulisan one penny (dumasar kana nominal dina prangko) di bagéan handap, di bagéan luhurna aya tulisan postage. Ku sabab Inggris nerbitkeun prangko éta, negara-negara nu sanés sapertos Amerika Serikat jeung Perancis ogé nerbitkeun prangko. Di Indonésia, prangko anu kahiji diterbitkeun ku pamaréntah dina taun 1864 anu warnana beureum. Dina prangko éta, aya gambar beungeut Raja Walanda Willem III.[7]

Nepi ka taun 2018, Indonésia boga koléksi prangko tématik kirang leuwih 140.000 ti jero jeung luar negeri anu tos aya ti taun 1840. Prangko-prangkona disimpen dina jero papan kayu anu ditutupan ku kaca. Koléksi prangko tématik nu aya di antawisna nyaéta prangko anu aya gambar pahlawan, tatangkalan jeung sasatoan.[7]

Serat emas

édit

Dina musieum ieu, aya rohangan anu nempokeun serat emas anu diserat ku raja-raja nusantara. Serat éta pikeun Komandan jeung Jenderal Walanda. Serat éta janten catatan sajarah ngeunaan cara komunikasi jeung diplomasi raja-raja baheula jeung pihak Walanda.[3]

Serat emas diserat dina basa daérah ngagunakeun alat tulis mangrupa kertas, daun lontar jeung nipah, emas, perunggu jeung sajabana. Pamaréntah Indonésia basa éta jeung pamaréntah badé ngabina hubungna anu leuwih hadé. Tujuan ti nyerat surat salian ti éta nyaéta pikeun ngahormatan kana sagala rupi tulisan anu aya di masarakat. Serat ti raja-raja nusantara tos dijieun salila leuwih ti opar ratus taun dina basa Melayu jeung ngagunakeun aksara Jawi (aksara Arab-Persia). Aya unsur senina ogé dina nyieun serat ku sabab diserat ngandelkeun kaahlian tangan.[8]

Pakakas pos

édit

Salian ti koléksi prangko, Musieum Pos ogé boga 200 koléksi anu patali jeung layanan pos sapertos timbangan serat, pakakas citak prangko, kotak serat jeung cap pos. Aya ogé pakéan anu sok dipaké ku kurir pos sarta sapéda motor jeung sapéda ontél pikeun nganterkeun serat.[7]

Salian ti prangko, aya ogé kotak surat atawa Brievenbus anu kaasup koléksi Musieum Pos. Kotak surat mimiti dipasang dina taun 1829 ku Kantor Pos Batavia, saterasna dipasang ku kantor-kantor pos anu aya di daérah nu sanés. Kotak surat biasana dipasang dina tempat anu stratégis sapertos di pusat kota jeung caket ka gedong-gedong pamaréntahan.[8]

Ayeuna

édit

Dina taun 2013, Musieum Pos ieu tos dilengkepan ku pakakas Win Audio anu fungsina pikeun pituduh keur masarakat anu datang ka musieum. Aranjeunna tiasa ngarasakeun keliling ka sabuderureun musieum tanpa ngurangan nilai-nilai atikan.[9]

Rujukan

édit
  1. Bemmelen, Reinout Willem .1949.The Geology of Indonesia.California: Govt. Print. Off.
  2. a b c Suganda, Her.2007.Jendela Bandung, Pengalaman Bersama Kompas.Jakarta: Penerbit Buku Kompas.
  3. a b c "Mengenal Museum Pos Indonesia di Bandung". Diakses tanggal 25 November 2023. 
  4. a b Laily, Safrezi Fitra, Iftitah Nurul. "Menelusuri Sejarah Persuratan Melalui Museum Pos Indonesia - Nasional Katadata.co.id". katadata.co.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  5. a b c "Museum Pos Indonesia". Diakses tanggal 25 November 2023.  Archived 25 Nopémber 2023 di Wayback Machine
  6. Times, I. D. N.; Salugiasih, Langgeng Irma. "Sejarah Museum Pos Indonesia di Bandung, Berdiri Sejak 1920". IDN Times Jabar (dalam In-Id). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  7. a b c Media, Kompas Cyber. "Museum Pos Indonesia di Bandung, Ada Prangko Pertama di Dunia Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  8. a b AyoBandung.Com, Redaksi. "Sejarah Museum Pos Indonesia di Kota Bandung - Ayo Bandung - Halaman 2". Sejarah Museum Pos Indonesia di Kota Bandung - Ayo Bandung - Halaman 2 (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  9. VIVA, PT VIVA MEDIA BARU-. "Selain Bernilai Sejarah, Museum Pos Sarat dengan Mitos". jabar.viva.co.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02.