Buka ménu utama

Numbas bisa dihartikeun mangrupa "hadiah" ka pangantén awéwé nu geus ngajaga kasucian tug nepi ka akad nikah.[1][1] Acara numbas biasana nyieun tumpeng nu eusina nyaéta : daging hayam jeung deungeun sangu lianna.[1] Nu diundang dina acara numbas biasana para ibu nu miluan acara ngeuyeuk seureuh.[1] Deungeun anu disadiakeun biasana basajan baé, henteu kawas hajat kawinan.[1] Nu penting mah asal aya lalab nu kesed-kesed sarta rada pait, nyaéta kadaharan nu dijieunna tina rupa-rupa pupucukan jeung lalab-lalaban, kaasup rupaning dangdaunnan nu rasana kesed, dijieun sambel.[1] Panggang hayam salaku simbol panumbas, teu meunang waka dirusak saméméh ngadu'a, nandakeun yén any ditumbas téh masih parawan kénéh.[1] Salametan ieu ogé jadi kareueusan pikeun kolot lalaki, yén anakna bener-bener jantan dina harti teu impoten, sedengkeun keur kolot awéwé mah reueus sabab tiasa ngajaga kaparawananana (Sastrawijaya, dina Suryani, 2007).[2]


SumberÉdit

  1. a b c d e f g Elis Suryani NS. 2010. Badingkut.Bandung: Danan Jaya.Halaman 165
  2. Elis Suryani NS. 2010. Kearifan Budaya Sunda. Ciamis.Pemerintah Kabupaten Ciamis Disbudpar.Halaman 187