Buka ménu utama

Nyuguh Mulud nyaéta ritual anu maneuh dilaksanakeun dina poé Jumaah minggu kahiji bulan Mulud atawa lamun dina Taun Hijriah disebut Rabi'ul awwal.[1] Kaasup wewengkon Désa Dukuhmaja Kecamatan Luragung Kabupaten Kuningan Provisi Jawa Barat.[1] Ieu tempatna di wewengkon Cireundeu nyaéta patilasan Buyut Ratu Pakuan.[1] Saméméhna ritual nyuguh téh dilaksanakeun ku Desa Luragung landeuh lantaran pamekaran mimiti taun 1983 di Désa Dukuhmaja.[1] Kagiatan anu maneuh tiap taun miboga kasang tukang carita rahayat anu sumebar ngaliwatan lisan di wewengkon Luragung.[1]

Asal-usul Nyuguh MuludÉdit

Karajaan Pajajaran sajeuroeun ancaman. Pajajaran harita keur kalaletir. Kumaha stratèhi pikeun ngungkulanana. Sangkan karajaan pajajaran henteu jadi nagri patalukan Mataram. Mataram ngajorang ka Pajajaran, lantaran hayang ngaluaskeun kakawasaanana jeung boga karep nyebarkeun agama Islam, kaasup ka tatar sunda. Jadi pucuk ti girang kaharénghéngan. Sabada Iber katarima ku Prabu siliwangi. Keur pertahanan, ieu raja tatar sunda hayang boga panglima perang nu bakal mingpin waladya balad Pajajaran tina ancaman. Mantenna menekung ka nu Maha Agung, muja brata ka Hyang Maha sukma. Kalayan weruh sadurung winara ku jalan tatapa.Sawatara jongjonan gentur tapa. Menang serat tan katingalan yén bisa waladia bala Pajajaran unggul dina pangperangan tapi kudu panglimana ku hiji jalma anu ngaranna Suramanggala.“Suramanggala, ngadeng panglima.” kitu nu ceuk haréwos nu teu katingal jinisna. Upama Suramanggala jadi panglima waladia balad Pajajaran moal aya nu bisa ngungkulan.

Digugu éta serat tan katingalan.Prabu Siliwangi maréntahkeun senopati jangkung gedé. Telahna Si Céntong pikeun ngulem Suramanggala nu bakal diistrenan jadi pupuhu panglima. Opat puluh hiji prajurit disiapkeun keur ngajemput Suramanggala di tatar wétan. Si Céntong kacida héranna. Nagri Pajajaran rèk ngangkir saurang kudu disusul pasukan anu saktu lobana. Teu loba tatanya, dalah dikumaha parentah raja.Teu kacaritakeun kumaha dijalanna Si Centong jeung rombonganana aya di wewengkon Luragung. Luak-lieuk, tunya-tanya ka jelma-jelma anu pasogrong di dinya. Tétéla manéhna naroskeun ka jelma nu keur macul. “Ki Silah! Dupi bumina Suramanggala di mana?” Tanyana tegep pisan.

“Ituh!” Jalma pangawakan kolot, awakna ngeusi. Tutunjuk; samar imah katempo ti kajauhan.

“Hatur nuhun ki silah”. Suramanggala unggeuk mumuhunan.

Barang nepi ka imah anu dituduhkeun éta, tuluy uluk salam  “Sampurasun”.

Nembalan Nini “Rampes”.

Dibukakeun pantona bari rada diangkat ku si nini. Geuning aya ménak pikir si nini éta.

“Euuhh,, leres ieu bumina Suramanggala?”

“Leres”  walonna.

“Suramanggalana dimana?”

“Si abah mah keur ngarambas tuh katingali ti palih dieu oge” Bari nunjuk ka jelma nu bieu ditanya. Can turun Si Nini nujuk lek Si Centong ngalieuk, prajurit nu ngahalangan malinggir méré jalan tutunjuk Si Nini.

“Hah!” Ngajenghok Si Centong, beungetna ngadadak bereum. Tétéla nu bieu ditanya tèh Suramanggala. Huntuna kekerot bari neuteup sekeut ka jinis nu bieu pisan ditanyaan. Kasampak Suramanggala gecruk macul.

Sanggeus leungeun Si Nini diturunkeun Si Céntong ngomando sangkan pasukan balik deui nyusur Aki-aki nurustunjung. Barang nepi

“Nanahaan ki silah?” Si Céntong poho tetekon.

“Nanahaan kumaha ménak?” teneung di walon.

“Tadi Aing tèh néang ki silah!” Si Céntong ambekna nyedek.

“Baruk imahna Suramanggala, lamun imahna tuh di ditu!” bari nunjuk deui “lamun Suramanggalana mah kami” disusul unggut “dupi aya pikersaeun naon ménak tèh? Asa alalajrih temen” laju paculna dibersihan ku cocoték

“Satadina mah rèk ngajak Ki Silah ka karaton Pajajaran. Rèk dijadikeun panglima waladya bala pajajaran”

“Aki mah jalma bodo, geus kolot. Paralun baé ménak teu sanggup”

“Wayahna Ki Silah kula kudu ngagugu parentah raja! Jadi anjeun rèk dibawa ka hareupeun Prabu Siliwangi”

“Kami mah geus kolot, bujeng panglima sinatria gé lain.”

“Hah! Geus montong loba omong ki silah! Rèk milu moal?”

“Moal bisa!”

“Milu moal?” Si Céntong nyentak

“Moal menak teu bisa.” Teuneung perbawa wibawa.

“Lamun kitu dia kudu dibawa paksa. Wayahna ieu mah parentah Raja”

Teu uluk tumanya deui Si Céntong narajang, jleg! paharep-hareup jeung  Suramanggala. Mesat bedog tina Sarangka sewang-séwang.

Si Céntong Méré paréntah ka pasukanana nu nyekel tumbak sangkan ngepung éta Aki-aki. Lahan pasawahan jadi tempat galungan.

“Hayo ulah népi leupas!” paréntah Si Centong ka pasukannana.

“Abong budak ngora kahayang tèh gelut wé, mun disinghareupan hiji-hiji tangtu ripuh” gerentes haté suramanggala nu kapaksa masang kuda-kuda. Geus dikepung Suramanggala, kawas hayam dikurungan ukur bisa rungah ringeuh nétélakeun anu ngepungna.

Rep Suramanggala pereum. Si centong ngasongkeun bedog ti luhur lebah angeun Suramanggala .

”Hiiyyaat, aaaahh” Si Centong mental ngadak-ngadak cahya bereum jeung bodas kaluar tina awak suramanggala, awakna jadi jangkung gedé simardada, tanding buta, tanding denawa.

Pasukan nu ngurilingan ogé kapentalkeun. Prajurit nyangsang dina tangkal kalapa, nu nambru na batu, nangkarak jeung nangkuban dina leutak. Sakabéh pasukan nu opat puluh hiji éta. Si centong jeung salah saurang tina pasukan kabur ti éta tempat, seja mulang rèk bebeja teu sanggup nedunan paréntah ti Prabu Siliwangi. Jeung ngarumasa lain tandinganana.

Suramanggala tèh ngawatek Ajian Triwikrama, salah saiji sampéannana napak dina congcot Gunung Ciremay sarta sabelahna napak dina gunung slamet nu aya di wewengkon Jawa Tengah (ayeuna).Opat puluh urang prajurit rèk kumawula tur ngajaga wewengkon Luragung; hayang guguru ka Suramanggala. Sabab para prajurit ngarasa yakin Suramangala leuwih sakti batan raja Pajajaran. Ku suramanggala diwidian dijaradikeun anak maung opat puluh prajurit téh.Ti harita kedal wangsit:

“Sing saha anu jadi kuwu luragung, tiap jumat kahiji dina bulan mulud kudu ngayakeun upacara adat nyuguh, jeung anu barangasakanna kudu turunana kaula!”

Maksudna mah maraban éta anak maung nu taya lian prajurit-prajurit téa. Sabab lamun teu di parab bakal ngagalaksak kana ingon-ingon, malah mandar anak manusa ge sok jadi wadal. Upama teu diayakeun adat istiadat nyuguh téh.Numutkeun béja mah éta maung nepi ayeuna ogé masih harirup. Tapi di sireup sangkan ulah jail jeung ulah ganggu.Sajalan jeung jaman, adat nyuguh ayeuna geus kalindes jeung kungsi teu dilaksanakeun. Teu miroséa ajen budaya luhung nu ngajarkeun deui gawé bareng, sangkan icikibung sabengkeutan dina ngaraméan jeung nyukseskeun hiji calagara katelah adat nyuguh téa.Lantaran mayoritas agama Islam Ayeuna mah nyuguh diganti tina ritual nyuguhan maung jadi ritual nyugugan tamu, anu kabeneran sumping ka wewengkon Dukuhmaja di suguh tur dibagéakeun.

RujukanÉdit

  1. a b c d e Arsip Desa