Orbit Géosetasionér nyaéta orbit géosinkron anu aya pas di luhureun hatulistiwa Bumi (0° garis iklim), kalawan ékséntrisitas orbital nu sarua jeung enol. Lamung ditingal ti muka Bumi, objék anu aya dina orbit géosetasionér baris kaciri cicing (henteu usik) di angkasa alatan perioda orbit objék kasebut dina ngurilingan Bumi sarua jeung perioda puteran Bumi. Orbit ieu pohara dipikahayang ku operator-operator satelit jieunan (kaasup satelit télékomunikasi jeung televisi). Alatan tempatna konstan dina garis datar 0°, lokasi satelit ngan dibédakeun dumasar patempatan dina garis waktu Bumi.

Orbit Géosetasionér

Ideu pamakéan satelit géosetasionér pikeun télékomunikasi diémbarkeun dina taun 1928 ku Herman Potočnik. Orbit géosetasionér dipopulérkan munggaran ku anu nulis fiksi ilmiah Arthur C. Clarke dina taun 1945 minangka orbit anu kapaké pikeun satelit télékomunikasi. Ku alatan éta, orbit ieu sakapeung disebut orbit Clarke; dipikawanoh ogé ku sebutan Sabuk Clarke.

Orbit géosetasionér pohara mangpaat alatan ieu orbit bisa ngabalukarkeun hiji satelit jiga nu cicing nujul ka hiji titik di muka Bumi anu muter. Temahna, hiji anteneu bisa nunjuk ka hiji arah nu tangtu sarta tetep nyambung kana satelit. Satelit ngorbit saarah jeung rotasi Bumi dina jarak kira-kira 35.786 km (22.240 statute miles) luhureun muka bumi.

Kakurang

édit

Sanajan orbit géosetasionér bisa ngajaga hiji satelit tetep dina sahiji tempat luhureun hatulistiwa, perturbasi orbital bisa ngabalukarkeun satelit laun-laun pindah ngajauhan lokasi géosetasionér. Perturbasi orbital nyaéta fénoména di mana orbit satelit robah alatan pangaruh éksternal saperti anomali distribusi gravitasi bumi, gangguan gaya tarik bulan, benturan météor atawa objék-objék séjén, atawa tekenan radiasi panonpoé. Satelit ngalakonan koréksi ku cara ngalakonan manuver anu dikadalikeun ku setasiun satelit di Bumi, manuver ieu dipikawanoh sabagé manuver kalér-kidul (North-south Correction) sarta manuver kulon-wétan (West-éast Correction). Manuver-manuver ieu ngagunakeun rokét-rokét leutik (thrusters) anu aya dina awak satelit sarta arahna diatur luyu jeung arah koréksi. Hurungna rokét-rokét leutik ieu baris méakkeun bahan bakar anu dibawa satelit ti bumi minangka bekel. Lamun bekel ieu béak, mangka béak ogé umur operasi satelit - alatan mangsa satelit ieu nyéléwéng tina orbitna, euweuh jalan deui pikeun operator ti bumi pikeun ngoréksi sarta mulangkeun ieu satelit ka patempatan nu sakuduna.

Tumbu kaluar

édit