Combotrans

Pajajaran Génder atanapi pajajaran Jantina mangrupakeun Konsep

Génder nyaéta perbéntenan lakon, paranti, sareng tanggungwaler antara pameget katut istri nu mengrupakeun hasil wangunan kamasyarakatan sarta kersa robah saluyu sareng robahna jaman. Istilah Génder mimitina dipedalkeun ku ahli sosial, seja mikajéntré perbéntenan pameget katut istri nu nyandak pitrah (kersaning gusti) sareng jieunan budaya konstruksi Sosial. réa jalma nu ngacak-harti perkara kodrati (kersaning gusti) sareng perkara lian-kudrat (génder). tah éta nu jadi cukanglantaran bahasan génder ditilik tur dimutolaáh deui.

jejer pajajaran génder di Indonésia dibalakan ku R.A Kartini ti wit taun 1908. perjoangan pajajaran hak antara pameget sareng istri utamina dina widang pendidikan di mimitian ku manten kalawan usaha ngalawan teu adilna hak istri jaman harita. béh dieuna perjuangan mantena di lajeng kaping 22 Désémber 1928 sangkan ku wasilahna kongres perempuan Indonesia di tetepkeun jadi poé Indung.

nalika jaman orde baru taun 1978 diadegkeun kamentrian Urusan istri di kabinet. kagiatan pembinaan Kesejahteraan Keluarga (PKK) di adegkeun taun 1957 jadi organisasi mandiri sareng di selapkeun dihandap asuhan mentri dalam negeri. Ideologina "Panca Dharma Wanita" hartina istri kalayan batur carogé, ibu pendidik anak, purah ngatur rumah tangga, panambih penghasilan kulawarga, sareng anggota masyarakat nu wiguna. [1]

  1. luwuutara.go.id. "KESETARAAN GENDER". dp2pa.luwuutarakab.go.id. Diakses tanggal 2024-03-10.  Archived 2024-03-10 di Wayback Machine

sakuliah alam dunya miéling poé wanoja sadunya international Women's Day 9IWD) unggal 8 maret. nilik tina sasakalana, 8 Maret 1857, 1907, 1909 kaum buruh di New York ngalakonan aksi. ti wit harita PBB netepkeun yén 8 maret 1975 jadi poé Wanoja sa-dunya.

aya perbentenan antara Mafhum pajajaran génder katut Émansipasi. béntenna ari pajajaran génder mah ilaharna ngasajajarkeun antara hak pameget sareng istri pami Émansipassi mah mangrupa prospek lebaran istri tina kalungguhan sosial ekonomi nu balangsak sarta lebar tina kurungan hukum nu nyancang kakongangannana pikeun berkembang sareng maju.

[1]


Teori Pajajaran Génder

Téori Nurture mungguh teori nurture, ayana perbéntenan istri katu pameget nyaéta hasil konstruksi sosial budaya sangkan ngahasilkeun lakon sareng pancén nu padabénten. perbéntenan éta ngajadikeun istri kudu baé katinggaleun tur teu kapaliré lakon sareng sumbangsihna dina kahirupan kulawarga, bermasyarakat, berbangsa sareng bernagara. wangunan sosial nyicingkeun istri sareng pameget dina perbéntenan kelas.

Téori nature Mungguh téori ieu, ayana perbéntenan pameget sareng istri téh nyaéta kudrat kersaning gusti nu kudu di tampi, perbéntenanbiologis méré isyarat katut ancikan yén dianara duduana miboga lokon katut pancén nu séwang séwangan.

Téori Équilibrum Téori ieu mah nekenkeun yén saimbang harmoni katut kamitraan istri-pameget téh. teu aya istilah kudu silih agulekun komo bari pasalingsingan.[2]

Warna-Warna Lakon Génder

Mungguh Bem (1981) génder kabagi jadi opat lakon, nyaéta maskulin, feminism, androgini dan teu kagolongkeun.

Tipe Maskulin jinis kahiji nuduhkeun golongan jalma nu miboga sipat laki luhureun rata-rata, sarta sipat awéwé kirang ti rata-rata. cirina aya dina kalakian atawa aya lokon tur pancén nu dicitak ku budaya nu ilaharna nuduhkeun kana yén éta jalma idéal pikeun pameget.

Tipe Feminim jujuluk pikeun istri nu sipat awéwéna ngalindih kana sipat lalaki. sabalikna tina maskulin cirina jinis ieu langkung pantes ayana di istri. rék naon waé éta mah sipatna.

tipe Androgini jalma nu asup kana golongan ieu mah miboga rasa laki tur awéwé nu sarua luhur duanana. jiga saimbang tapi lain, tegesna mah luhur duanana so téh mun dina widang nu bénten.

tipe teu kagolongkeun tipe ieu dinisbatkeun ka jalma nu sipat laki tur awéwé dina dirina kurang alias dihandap rata-rata.

[3]

Diskriminasi Génder diskriminasi Génder nyata sikep, paripolah, atanpi pilampah hiji jalma atanapi golongan pikeun milara golongan séjén lantaran béda jantina.

Marginalisasi mangrupakeun upaya pamisahan kulantaran perbéntenan génder nu mantak balangsak. kayaning upah nu bénten antara pameget sareng istri.

Subordinasi mangrupakeun anggapan lakon nu dipilampah ku génder sanésna éta langkung héndép sangkan jiga dinomorduakeun.

Stereotip
mangrupakeun pangajén atawa prasangka ka hiji jalma dumasar kana karakterna.

violence serangan bangsa pisik saperti di cabok, ditajong jeung sajabana.

Burden mangrupakeun wiatan beban nu leuwih berat tinimbang batur sabab karakter génder.

[4]

  1. https://tirto.id/apa-itu-kesetaraan-gender-contoh-dan-bedanya-dengan-emansipasi-gC8F
  2. https://www.pelajaran.co.id/pengertian-kesetaraan-gender-tujuan-teori-jenis-peran-ketidakadilan-dan-kesetaraan-gender/#Teori_Kesetaraan_Gender
  3. https://www.kajianpustaka.com/2019/04/kesetaraan-gender-teori-peran-dan-keadilan.html
  4. https://kumparan.com/sejarah-dan-sosial/diskriminasi-gender-pengertian-faktor-penyebab-dan-bentuk-bentuknya-1zvhoV70OXd/full