Pamaheg nyaéta dorongan nu kaluar ti jeroning diri, nu ngajadikeun ayana jati diri (watak jeung dorongan laku lampah bawaan), dekan (deka-an) nyaéta batin pangrarasa di jeroning haté, gawilan (mang-kawila-an) nyaéta dorongan kahayang nalang jeung nulung, saterusna nyaéta kahayang, ari kahayang téh nyaéta pangabutuh atawa nafsu.

Rék daék teu daék ogé pamaheg mah bakal tetep aya di jeroning diri jelema nu hirup, mangrupa carana Gusti Nu Ngersakeun nu ngawasa ka sakabéh kaayaan, kajadian, jeung kahirupan, bari jeung Gusti mah teu ngabutuhkeun bantuan nanaon atawa bantuan sasaha. ku kituna ceuk ajaran Jati Buhun mah aturan ti Gusti nu saenyana téh teu kudu diajarkeun ti luar diri urang, da manuk ogé bisa nyayang, nyingleumleum, jeung ngurus anakna teu kudu diajarkeun ti luar dirina, tapi cukup ku éling kana dirina sorangan.

Pamaheg téh mangrupa kecap Buhun titinggalan ti pamuunan (karuhun buhun) nu dipaké kénéh nepi ka ayeuna ku ajaran Ajaran Jati Buhun.

Pamaheg Nu Aya Dina Diri Jelema édit

Pamaheg nu aya dina diri jelema meni kacida ahéngna tur ngabogaan mangrupa-rupa aturan ti Gusti nu saenyana-enyana Gusti jang jelema, jeung nu aya di sasatoan mah teu saahéng siga nu dipikaboga ku jelema. Bagéan na téh nyaéta:

  1. Jati diri[1] mangrupa peran nu ti Gusti nu kawasa ajang jelema. Nepikeun ka jelema ngabogaan watak jeung sifat nu bararéda. Sedengkeun sasatoan mah, dina hiji jinis sasatoan biasana jatidirina ampir sarageman, jeung bakal béda mun jinis sasatoanna ogé béda.
  2. Deka[2] atawa rasa di jeroning diri nu ahéng, nepikeun ka jelema bisa ngarasakeun kaéra jeung ka wiwirang nepikeun ka hanyang nutupan beungeut, bisa ngarasakeun nalangsa nepikeun ka ceurik inghak-ingakan, jeung bisa ngarasakeun bungah jeung kagugu nepikeun ka seuri babarakatakan, jeung salianna deui, jeung éta téh henteu dipikaboga ku sasatoan, sanajan aya ogé dekat nu dipikaboga ku jelema katut ku sasatoan.
  3. Kawila[2] atawa paduli ka jelema séjénna, di mana jelema sabenerna mah boga pangawilaan nulung jeung nalang, sanajan aya ogé sasatoan nu osok ngabogaan pangawilaan.

Ari sésana mah nyaéta Pamaheg mangrupa kahayang nu sarua siga Pamaheg nu dipikaboga ku sasatoan

Kumatak kitu jelema dijurukeun téh tah jadi jelema nu éling kana dirina sorangan, ngabogaan pandekan, jeung paduli ka sasama, tapi pengaruh goté nu daratang ti luareun dirina geus ngajadikeun éta jelema jadi teu éling kana dirina sorangan, nepi ka éta jelema téh jadi leuwih bahaya ti batan buaya, leuwih jahat ti batan ajag, jeung leuwih galak ti batan singa. ku kituna pépéling diri téh kacida pentingna, supaya jelema balik deui ka laku lampahna salaku jelema.

Pamaheg téh mun ceuk Malayuna mah meureunan "naluri", harti ti kecap naluri ampir sarua jeung pamaheg di mana naluri ceuk kamus besar bahasa Indonesia nyaéta dorongan hati atau nafsu yang dibawa sejak lahir; pembawaan alami yang tidak disadari mendorong untuk berbuat sesuatu[3].

Ngarujuk tina édit

  1. "Arti kata jati diri - Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI) Online". kbbi.web.id. Diakses tanggal 2022-04-21. 
  2. a b "Kepercayaan Jati Buhun" (dalam bahasa id). Wikipedia bahasa Indonesia, ensiklopedia bebas. 2022-04-20. https://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Kepercayaan_Jati_Buhun&oldid=21005064. [tumbu nonaktif]
  3. "Arti kata naluri - Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI) Online". kbbi.web.id. Diakses tanggal 2022-04-20.