IING SALKI,S.Sn RONGGENG GUNUNG BI RASPI TI GALUH (CIAMIS) Ieu kasenian teh mangrupa kasenian Urang Sunda galuh (ciamis) anu turun tumurun ti karuhun urang galuh tug dugi ka ayeuna. Ronggeng Gunung masih keneh aya nu ngamumule sok sanajan tinggal sababaraha grup wae. Sebut wae Grup RONGGENG GUNUNG BI RASPI anu masih keneh kuat ngajaga tradisina tug nepika ayeuna. Ieu kasenian teh saliwatan mah siga anu sederhana da nu ngawihna ngan ukur diIringan ku gambelan tilu nada (istilahna ketuk tilu) ngawihkeun lagu-lagu buhun titinggal karuhun galuh, Tapi sim kuring boga kayakinan lain ngan ukur gambelan tilu sakitu-kituna anu bisa nyokot atawa make tina gambelan anu lengkap atawa loba dipake bonangna tilu siki nu disebut ketuk tilu. Tah pikeun Gambelan RONGGENG GUNUNG mah lain gembelan tilu nada nu eta nu sok biasa dipake dina ketuk tilu, kuring boga kayakinan dina hate (boa-boa) nyaeta gambelan Tilu nada nu aya Dina Ronggeng Gunung Galuh ciamis mangrupa gabelan tilu nada anu kwintna 600 cents. Artina jarak nadana 1(da) 600 5(la) 600 i(da) = 1200 Cents / . 600 . 600 = 1200 cents. sabab eta Ronggeng gunung bi Raspi enya bener aya anu nu nulis mantak keueung kadengena/mantak kalaletir kareungena. Kuring yakin eta teh laras batas ambang teratas dedengean manusa anu masih keneh mangrupa batasan laras dina seni. Maka kukituna Galuh disebut luhur/gunung da bahasa nage kasar siga bahasa ti atasan ka bawahan di sebutna urang gunung, tapi teu kitu pikeun urang galuh sabab bawahan mah jongos nu sok biasa di parentah maka ku kituna kerajaan Galuh teu tunduk ka Majapahit kajeun ancur lebur batan kudu ngalesotkeun bebeneran. Tapi lain hartina adigung sabab takdir tinu maha Agung Suku sunda (galuh) boga laras/kwint luhur pangaruh kana bahasa/ nyaritana wewengkon bahasa kasar tapi geus matri dina dirina yen kerajaan galuh mangrupa kerajaan anu kuat.Maka dina lalaguan Ronggeng gunung Bi Raspi khusus lalaguan nana moal aya ATAWA moal bisa make gambelan lain tetep kudu make gambelan tilu nada RONGGENG GUNUNG GALUH/CIAMIS JADI laguna moal aya di wewngkon lain sabab eta laras khusus pikeun urang Galuh mangrupa suku Sunda Galuh. Maka mun urang Galuh Mingpin ajeg Tantung dina pamadegan saperti halna Kwint 720 nu aya Di Urang Jawa. Lamun dibalikeun kwitn 720 (Jawa) tiluhur artina papanggung jadi papayung kwint 600 (Galuh)jadi dadampar/ panahan tibeulah handap tapi tetep pikeun urang galuh moal bisa disebut RONGGENG PASISIR, geus kitu Allah nyiptakeun urang galuh nyaeta urang gunung/ luhur. Lamun di balikeun kwint 600 Cent (Galuh) Tiluhur artina jadi papayung/ pangagung, kwint 720(jawa)Ti handap dadampar saling Jagaan di nagara Indonesia.Maka ku kitu penelitian di daerah galuh Ciamis mangrupa arkeologi kepubakalaan kerjasama jeung pihak Amerika oge diwuwuhan ku Bpk Prof Toni Jubianto ti pihak arkeologi Bandung, anu pernahna/tempatna di Desa Tambaksari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis, mangrupa arkeologi anu mangrupa peninggalan sejarah peninggalan kehidupan, cenah malah disebutkeun kemungkinan situs peningalan purbakala manusia tertua aya digaluh. Maka kuring boga kayakinan RONGGENG GUNUNG mangrupa ciciren urang GALUH manusa tua, ajeg tangtungna jadi bekel dina ngaheuyek nagara. Mun kudu ngalesotkeun idialis kajeun ancur papan ngan kari caatur, artina mun dina bebeneran teu aya nu dipikasieun salain Allah. Tiasa Ningali pametasan ronggeng Gunung Bi Raspi dina Youtube Ronggeng GUNUNG Bi RASPI Galuh Ciamis