Paraji atawa indung beurang nyaéta saurang anggota masarakat anu umumna mah awéwé nu meunang kapercayaan sarta miboga kaparigelan dina nulungan nu babar.[1] Ari ngalampahanna sacara tradisional sarta meunangkeun éta kaparigelan téh ku cara turun-tumurun, diajar sacara praktis atawa ku cara lianna nu ngajurus kana paningkatan kaparigelan bidan sarta liwat patugas kaséhatan.[1] Paraji mah jalma nu dianggap bisaan sarta dipercaya ku masarakat pikeun nulungan sarta ngawulaan nu babar boh indungna boh anakna luyu jeung kabutuhan masarakat.[1]

Paraji jeung bidan keur ngawulaan nu rék babar

Paraji jeung bidan édit

Ari di pilemburan masarakat téh masih kénéh percaya ka paraji pikeun nulungan prosés babar.[2] Masarakat ngarasa leuwih genah mun dibaturan ku paraji tibatan dibaturan ku tanaga kaséhatan.[2] Fénomena ieu téh lantaran paraji mah leuwih bisa nenangkeun ibu-ibu nu rék babar, ogé leuwih sabar dina maturanana, teu cara tanaga kaséhatan atawa bidan nu kawilang gurung gusuh.[2] Lian ti kitu, tina biayana ogé béda, babar dibaturan ku paraji mah kawilang leuwih murah sarta bisa leuwih katéang tibatan babar ku bidan.[2] Ngan hanjakalna, kiwari loba anggapan yén mun babar dibaturan ku paraji téh bisa ngakibatkeun kamatian.[2] Padahal panyebabna kamatian téh gegedéna mah ku ayana pandarahan, pré-éklamsi sarta inféksi, ieu teu karandapan ku nu babar dibaturan ku paraji waé, dibaturan ku bidan gé bisa waé kajadian.[2] Sok sanajan aya waé kajadian ibu hamil anu ditulungan ku paraji téh antukna mah dirujuk ka bidan dina kayaan geus pandarahan abor-aboran sangkan teu bisa disalametkeun deui.[2]

Di sawatara wewengkon mah malah geus nyieun kasupakatan yén paraji teu dimeunangkeun pikeun nanganan nu babar.[3] Ari sababna mah nyaéta dina prosés babar téh kudu stéril cenah sarta dilakukeun ku tanaga kaséhatan jiga bidan atawa dokter.[3] Teu kitueun, paraji diheugbaékeun ari dina ngawula nu bérés babaran mah.[3] Sabab kaahlian paraji nu punjul mah éstu ngurut nalika qobla jeung ba'da babar sarta ngurut orokna ogé.[3] Sawatara kajadian kamatian mindengna mah karandapan ka indung nu ngora, di handapeun umur 17 taun nu can boga KTP sarta teu bisa némbongkeun surat nikah sahingga teu bisa dirujuk ka puskésmas.[3]

Rujukan édit

  1. a b c Manggu, Makmur Tanjung Lestari Publishing & Printing. Pengertian Dukun Bayi (Paraji) Archived 2017-05-24 di Wayback Machine. Ditempona tanggal 14 Mei 2017.
  2. a b c d e f g Kompasiana. Bidan Desa vs Mak Paraji , Siapa yang Disalahkan ?. Ditempona tanggal 14 Mei 2017.
  3. a b c d e Pemerintah Kota Bogor. Kurangi Angka Kematian Ibu dan Anak, Paraji Tidak Lagi Tangani Persalinan Ibu Hamil. Ditempona tanggal 14 Mei 2017.