Arti sanesna: Perpustakaan (ilmu komputer), Perpustakaan (biologi)

Dina harti tradisionalna, perpustakaan nyaéta koleksi majalah sareng buku. Sanajan tiasa dihartikeun koleksi pribadi, anging kitu perpustakaan langkung dipiwanoh mangrupikeun koleksi ageung nu dibiayaan sareng dioperasikeun ku hiji kota atawa institusi, sareng dimanfaatkeun ku rahayat anu ilaharna teu ngagaduhan artos kango meser buku dina skala anu ageung. Ngan ku penemuan engal salian ti buku nu mangrupikeun alat kango nyimpen informasi, ayeuna parantos loba perpustakaan tempat panyimpenan sareng/atawa akses kana map, cetak atanapi hasil seni nu sanesna, mikrofilm, mikrofiche, tape audio, CD, LP, tape vidéo dan DVD, sareng nyadiakeun fasilitas umum kango ngakses gudang data CD-ROM sareng internet. Perpustakaan tiasa ogé dihartoskeun kempelan informasi anu sifatna elmu pangweruh, hiburan, rekréasi, sareng ibadah anu mangrupikeun hakekat pangabutuh kaumuman jalma.

Perpustakaan modern

Ku sabab kitu perpustakaan parantos dihartoskeun mangrupikeun tempat ngakses informasi dina wujud naon wae, boh informasi éta disimpen di gedung perpustakaan, atanapi henteu. Dina ieu perpustakaan moderen teh, salian buku anu tos kacetak, sapalihna mah buku sareng koleksina aya dina wujud digital (dina wujud anu tiasa dipilari ku lantaran jaringan internet).

Peran Perpustakaan

édit

Ayana perpustakaan mangrupikeun lampah kango miara sareng ningkatkeun efisiensi sareng efektifitas, boh dina ngajar atanapi diajar. Perpustakaan anu ka-organisir kalayan saé sareng sistematis, boh langsung atanapi teu langsung ngagampangkeun prosés diajar di sakola tempat perpustakaan kasebut aya. Hal ieu, patali jeung kamajuan widang atikan sarta kalayan ayana kanaékan padika diajar, anu dirasakeun henteu bisa leupas ti masalah ngayakeun fasilitas sarta parabot atikan.[1]

Rujukan

édit
  1. Sinaga, Dian Mengelola Perpustakaan Sekolah (Jakarta: Kreasi Media Utama, 2007) hlm. 15