Péso Pangot nyaéta Sabangsa péso atawa ngaran rupa péso paranti "nulis" dina daun lontar, jaman baheula.[1] Anu di sebut nulis téh saenyana mah ku cara nurih atawa ngoét.[1] Tapak nulis téa engkéna jadi hideung lantaran geutah daun, pageuh, nepi ka tulisan téa bisa kabaca.[1] Péso pangot kitu gunana kapanggih tina wawangsalan anu kieu unina:

Péso pangot ninggang lontar,

titis tulis bagja diri.

Istilah péso pangot dina sastra kaangkat ku ulikan naskah sunda buhun, anu bahanna tina daun lontar atawa nipah.

Rujukan

édit
  1. a b c IskandarWassid (2015). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. ISBN 978-602-7785-78-6.