Rinéka sora
Rinéka sora nyaéta gejala fonologis patali jeung parobahan sora basa, boh vokal boh konsonan.[1] Ari parobahan sora basa the bisa muncul ku jalan leungitna foném, tambahna foném, pindahna tempat foném, atawa bagantina foném bagantina foném jeung fonem séjénna.[1]
Rupa-rupa
éditDumasar kana cara diwangunna, rineka sora téh bisa diwincik kieu.[2]
Sirnaan
éditSirnaan nyaéta rineka sora anu diwangun ku jalan ngaleungitkeun sawatara fonem tina kecap, boh di awal kecap, di tengah kecap, boh di ahir kecap.[2] ku kituna, sirnaan bisa mangrupa sirnapurwa, sirnamadya, jeung sirnawekas. Sirnapurwa contona: umilu milu, kstaria staria, banderol bandrol, kolonel kornel, présidént présidén.[2]
Swarabakti
éditSwarabakti nyaéta rineka sora anu diwangun ku jalan nambahkeun foném kana kecap, boh di awal, di tengah, boh di tungtung kecap. ku kituna, swarabakti bisa mangrupa swarabakti awal, swarabakti tengah, jeung swarabakti ahir. Contona: stri istri, stal istal, blok belok, bank bangku.[2]
Bagentén
éditBagenten atawa alternal nyaéta bagantina sora anu diwangun ku jalan ngaganti hiji fonem ku fonem nu lain, boh vokal ku vokal, boh konsonan ku konsonan. Contona surung sorong, pungkur pengker, utama utami, begang begeng, itung étang, ceuk cek. Rinéka sora atawa gejala fonologis patali jeung parobahan sora basa, boh vokal boh konsonan. Ari parobahan sora basa téh bisa muncul ku jalan leungitna foném, tambahna foném, pindahna tempat foném, atawa bagantina foném jeung foném séjénna.[2]
Métatésis
éditMétatesis nyaéta rinéka sora anu diwangun ku jalan matukeurkeun tempat fonem dina jero kecap. Contona: aduy ayud, dalu ladu, léor réol, présidén persiden, rontal lontar.[2]
Asimilasi
éditAsimilasi nyaéta rinéka sora anu diwangun ku jalan nyaruakeun fonem nu beda kana fonem tukangeunana, ilaharna di antara fonem nu aya dina daerah ucapan nu sarua saperti b jeung m, d jeung n, g jeung ng. Contona: gambar gamar, gablung gambung, kaderon kaneron, kendag kenang, sanggeuk sangeuk, sanggup sangup.[2]