Samping nyaéta kaén panjang nu dibeulitkeun dina cangkéng nu nutupan nepi ka suku.[1] Aya nu disebut samping sarung (samping nu tungtung-tungtungna nyambung), samping kebat (samping nu ukuranana panjang), samping batik (samping anu maké corak batik)jeung samping poléng/polékat (samping nu meunang ninun).[1] Aya sababaraha jenis samping di antarana aya samping jangkung jeung samping lamban, Samping jangkung nyaéta jenis samping nu ka handapna ukur semet tuur atawa nengah bitis sedengkeun samping lamban nyaéta samping nu tungtungna dilipet (dilamban/dilépé).[2] Samping mangrupa papakéan awéwé anu di batik sarta dipakéna nutupan bagian badan tina beuteung nepi ka mumuncangan.[2] ceuk kolot baheula lamun awéwé anu hamil teu meunang maké samping sabab pamali aya matakna .[2] Pikeun masarakat Sunda samping lain hal nu anéh sabab ti jaman baheula samping geus dipaké pikeun pakéan sapopoé wanoja Sunda.[1] Dina nsakah Sang Hyang Siksa Kandang Karesian upamana, geus kasebut-sebut modél samping batuk nu dipaké ku urang Sunda.[1] Dina carita pantun ogé dijéntrékeun yén baheula wanoja ménak, putri, raja, atawa léngsér.[1] Ieu conto kumaha wanoja Sunda dangdan di jaman baheula, dicutat tina carita pantun lutung kasarung :[1]

samping batik
samping batik
sampingna teu pati apik
disampingna sutra kuning
karémbong cindé kediri
nyalindang ku cindé kembang
kongkoyang ku sutra ganggong
ka luhur kana gelungna
ka handap kana sinjangna
ulah rék digelung jucung
bisi pajar indung-indung

Rujukan

édit
  1. a b c d e f (id)Rachmat Taufiq Hidayat, spk. Peperenian Urang Sunda. PT Kiblat Buku Utama. Bandung 2005.
  2. a b c R.A Darnadibrata, .Kamus Basa Sunda. Kiblat 2006. Bandung.