Seserahan nyaéta prosési masrahkeun babawaan atawa tanggeuyan ti pihak panganten lalaki ka pihak panganten awewe. Dina seserahan , pihak lalaki biasana mawa rupa-rupa barang, baju, duit, kaasup parabot rumah tangga jeung sasatoan saboga-boga masing-masing pikeun bahan kariaan.[1] Pihak lalaki dina waktu nu geus ditangtukeun datang ngaleut ngeukeuy ngabandaleut bari mawa barang-barang nu geus dihias dialus-alus, sangkan katémbong éndah. Acara seserahan aya nu dilaksanakeun saminggu, sapoé, atawa aya ogé dina poéan akad nikah.[1] Inti tina acara seserahan sabenerna mah mikeun ngajurungkeun /serah tarima calon pangantén ti pihak calon pangantén lalaki nu ditarima ku pihak calon pangantén awéwé tur sabalikna.

Adat istiadat seserahan di Priangan biasana nyerahkeun calon pangantén lalaki kalayan maké basa atawa siib sikola nu disanunikeun pikeun nyilibkeun si calon sacara gembleg boh jasmani katut rohanina, ti mimiti sirah nepi ka dampal sukuna nu biasana ditepikeun ku basa nu disamarkeun, saperti: ti luhur sahibas/sausap rambut ti handap sausap dampal. Kitu deui ti pihak awéwé, salaku nu narima jeung masrahkeun calon pangantén awéwé na ngagunakeun jawaban anu samar ogé.[2]

Pikeun ngungkulan ieu acara, dibutuhkeun ahli basa jeung tatakrama nu kawilang hadé, boh ti pihak nu masrahkeun atawa nu narima calon pangantén.[2] Dina harti teu sagawayah jalma anu jadi utusan ti pihak pangantén.[2]

GaleriÉdit

SumberÉdit

  1. a b Elis Suryani NS. 2010. Badingkut.Bandung: Danan Jaya.Halaman 158
  2. a b c Elis Suryani NS. 2010. Kearifan Budaya Sunda. Ciamis.Pemerintah Kabupaten Ciamis Disbudpar.Halaman 181